Tampilkan postingan dengan label Basa Sunda. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Basa Sunda. Tampilkan semua postingan

Selasa, 08 April 2014

Warna Kecap (Kecap Barang) Neraskeun



2.   Kecap Barang
Kecap sulur téh nyaéta kecap anu dipaké pikeun gaganti (nyuluran) kecap barang. Kecap sulur bisa dibagi jadi sababaraha golongan, nyaéta:

a) Kecap Gaganti Ngaran
Kecap gaganti ngaran nyaéta kecap anu dipaké pikeun gaganti ngaran jalma. Ieu ogé bisa dibagi deui jadi sababaraha golongan nyaéta:
1) kecap gaganti jalma kahiji;
2) kecap gaganti jalma kadua;
3) kecap gaganti jalma katilu;
4) kecap sesebutan

1)  Kecap Gaganti Jalma Kahiji
Kecap gaganti jalma kahiji (nu nyarita) dina basa Sunda kaitung loba. Dilarapkeunana diluyukeun jeung kaayaan, anu raket patalina jeung tatakrama basa (undak usuk basa) Sunda. Aya kecap gaganti jalma kahiji tunggal jeung aya gaganti jalma kahiji loba (jama’). Kecap gaganti ngaran jalma kahiji tunggal sarta conto larapna dina kalimah:

(1) kuring
      Kuring rék indit ka sakola.”

(2) déwék
      “Balik sakola, déwék mah rék nguseup ka Citanduy.”

(3) urang
      Urang mah lain hayang piagem digawé téh.”

(4) kami
      “Ceuk kami ogé ulah pipilueun urusan gegedén!”

(5) di dieu
      Di dieu mah kumaha di dinya, baé.”

(6) sorangan
      Sorangan ogé lain teu bisa nyieun buku téh.”

(7) abdi
      “Upami kawidian, abdi badé ngiring ka Bali.”

(8) sim kuring
      “Langkung ti payun sim kuring ngahaturkeun nuhun ka sadérék sadayana.”

(9) kaula
      “Nu matak kaula datang ka dieu mawa paréntah Raja.”

(10) aing
      “Sia téh nangtang ka aing!”
     
Kecap gaganti ngaran jalma kahiji lobana (jama’) sarta conto larapna dina kalimah:
(1)    urang
“Sakeudeung deui urang nyanghareupan Pamilu.”

(2)    kuring saréréa
Kuring saréréa rék milu ngarojong pangwangunan.”           

(3)    Abdi sadayana
 Abdi sadayana parantos sayogi mayunan Ébtanas.”

2)  Kecap Gaganti Jalma Kadua
Kecap gaganti jalma kadua (nu diajak nyarita) dina basa Sunda ogé loba. Dipakéna diluyukeun jeung kaayaan, anu raket patalina jeung tatakrama basa Sunda. Kecap gaganti jalma kadua tunggal katut conto larapna dina kalimah:

(1)    manéh
Maneh kudu buru-buru nepunan Kang Dadang!”

(2)    hidep
Hidep téh geus déwasa, geus kudu boga pacabakan.”

(3)    di dinya
“Lamun di dinya rék milu, engké disampeur ku di dieu.”
                               
(4)    anjeun
Anjeun mah panginten tos lali ka abdi.”

(5)    silaing
“Ari  silaing rék milu ka Pangandaran?”

(6)    sia
Sia téh rék jadi naon atuh, mana bangor-bangor teuing!”

(7)    urang
Urang téh ti mana asal?”

Kecap gaganti jalma kadua lobaan katut conto larapna dina kalimah:
(1)    marenéh
Marenéh teu kudu hayang nyaho, ti mana asalna ieu duit.”

(2)    hidep saréréa
“Geus waktuna hidep saréréa diajar hirup mandiri.”

(3)    aranjeun
“Sadayana ogé kanggo aranjeun, sanés kanggo abdi.”



3)  Kecap Gaganti Jalma Katilu
Kecap gaganti jalma katilu (nu dicaritakeun) dina basa Sunda ogé rupa-rupa. Dipakéna diluyukeun jeung kaayaan anu raket patalina jeung tatakrama basa Sunda. Kecap gaganti jalma katilu tunggal katut conto larapna dina kalimah:

(1)    manéhna
Maneh téh kakara balik ti Jepang!”

(2)    inyana
“Ayeuna inyanya keur nyuprih élmu di SMA Pasundan Bandung.”

(3)    anjeunna
Anjeunna kantos janten guru SMP di Garut.”
                               
(4)    manténna
“Mugi-mugi amal ibadah manténna ditampi ku Alloh S.W.T.”

Kecap gaganti jalma katilu lobaan (jama’) katut conto larapna dina kalimah:

(1)    maranéhna
Maraneh téh kakara réngsé macul di sawah!”

(2)    aranjeunna
“Nalika perang kamerdékaan, aranjeunna ngiaring bajoang.”


4)  Kecap Sesebutan
Jalma kahiji, jalma kadua, jeung jalma katilu téh henteu salawasna diébréhkeun ku kecap gaganti. Bisa ogé diganti ku kecap barang anu umumna mangrupa istilah pancakaki. Anu kitu téh kaasup kana kecap sesebutan. Sawatara conto kecap sesebutan katut conto larapna dina kalimah:

(1)    bapa
“Tah, basa jaman Jepang téh Bapa mah geus sakola!”

(2)    ema
“Tong ka mamana nya, Ema rék ka warung heula.”

(3)    emang
“Taun hareup, Emang téh hayang jarah ka Mekah.”
                               
(4)    aki
“Rumasa Aki mah geus kolot, huntu ogé geus arompong.”

(5)    bibi
“Anak Bibi mah geus karawin, Jang.”

(6)    alo
“Ayeuna téh Alo ngajar d mana?”

b) Kecap Gaganti Milik
Kecap gaganti milik nyaéta kecap gaganti jalma nu dipaké tukangeun kecap barang pikeun némbongkeun hubungan milik (anu ...). Salian ti kecap gaganti jalma jeung kecap sesebutan, dipaké rarangkén tukang –na deuih, anu ngandung harti ‘nu manéhna’.

Conto katut larapna dina kalimah:

(1)    kuring
“Imah kuring di sisi jalan karéta api.”

(2)    manéhna
“Kamari kuring nginjeum buku manéhna.”

(3)    manéh
“Engké soré kuring rék ka imah manéh.”
                               
(4)    anjeun
“Imut anjeun ngalangkang dina kongkolak panon.”

(5)    salira
“Serat salira wengi tadi tos katampi.”

(6)    -na
“Lambeyna beureum lir pucuk kastuba.”

(7)    urang
“Usul urang ditarima ku Pa Walikota.”

(8)    bapa
“Cing pangnyokotkeun sapatu Bapa!”



(Drs. Budi Rahayu, Tamsyah, Spk., Galuring Basa Sunda, Pustaka Setia, Bandung)


Jumat, 29 Maret 2013

Warna Kecap (Kecap Lulugu)


A. Kecap Lulugu

a. Kecap Barang jeung Sulur
1. Kecap Barang

Perhatikeun kalimah di handap!
(1) Arif keur maca buku.
(2) Bu Guru nuju nyerat dina bor (papan tulis).
(3)  Patani manggul pacul.

Dina conto kalimah di luhur aya kecap-kecap: Arif, buku, Bu Guru, bor, patani, jeung pacul. Dina kalimah di luhur kecap-kecap Arif, Bu Guru, jeung patani mangrupa jejer (subyék). Ari kecap-kecap buku, bor, jeung pacul mangrupa obyék. Kabéhanana ogé kecap barang. Jadi bisa disebutkeun kieu: kecap barang téh nyaéta kecap anu bisa nyicingan tempat jejer atawa obyék dina kalimah.

Salian ti éta, aya ciri-ciri kecap barang séjénna, di antarana:
1)    kecap barang bisa nuturkeun kecap bilangan: lima urang, dua bonjor, opat lambar, jeung sajabana;
2)    kecap barang dituturkeun ku kecap gaganti diri: buku kuring, baju manéhna, lancingan anjeunna;
3)    bisa dipiheulaan kecap pangantét: di Banjar, ti dinya, tina méja, dina korsi;
4)    bisa dituturkeun frasa ‘nu + kecap sipat: awéwé nu geulis, budak nu pinter, baju nu bodas.

Nurutkeun hartina kecap barang téh nyaéta kecap anu nuduhkeun barang atawa ngaran nu dianggap barang. Ti dinya, aya baé nu disebut kecap barang kongkrit (nyata) jeung kecap abstrak (ciciptan). Kecap barang kongkrit nyaéta ngaran pikeun hal anu bisa diténjo, diragap, dirasakeun. Ari kecap barang abstrak nyaéta hal anu dianggap barang.

Nu kaasup kecap barang kongkrit, di antarana:
- kembang
- méja
- korsi
- imah
- batu
- pasir
- tegal
- cai
- minyak
- pulisi
- tentara
- baju
- sapatu
- Arif
- Budiman
- guru
- gubernur
- dokter
- Bandung
- Amérika Serikat
- Sumatra
- Timor Timur
- siriah
- suku
- anak
- salaki

Nu kaasup kecap barang abstrak, di antarana:
- agama
- poé
- berita
- roh
- élmu
- sumanget
- jiwa
- pancén

Sakabéh conto di luhur mangrupa wangun dasar. Salian ti éta aya deui kecap barang anu mangrupa kecap barang turunan. Aya nu mangrupa kecap barang kongkrit jeung aya nu mangrupa kecap barang abstrak. Anu jelas, mibanda harti anu béda jeung wangun dasarna. Malah teu saeutik anu asalna tina warna kecap séjen.

a)    Kecap Barang Kecap Rundayan

1)    tina kecap pagawéan
               Contona:  dagang + pa-   padagang
                                 cabak + paan → pacabakan
                                 dahar + -eun dahareun
               
2)    tina kecap sipat
               Contona:  bungah + ka-   kabungah
                                 bogoh+ ka-   kabogoh
                                 atah +  -an atahan

b)    Kecap Barang Kecap Rajékan

1)    tina kecap pagawéan
               Contona:  colok + R   cocolok
                                 goda + R  → gogoda
                                 coba + R   cocoba
               
2)    tina kecap sipat
               Contona:  kolot + R   kokolot
                                 pait  + R   papait
                                 kotor +  R kokotor

c)    Kecap Barang Kecap Kantétan

1)    kecap barang + kecap pagawéan: kembang goyang, randamidang, putri noong;
2)    kecap barang + kecap sipat: pais geulis, barangbang semplak, calana sontog, kelom geulis;
3)    kecap barang + kecap bilangan: ketuk tilu, roda dua, suku opat;
4)    kecap sipat + kecap pagawéan: haneut moyan, lésang kuras;
5)    kecap pagawéan + kecap pagawéan: hakan paké;
6)    kecap pagawéan + kecap barang: heuay badak, jogo anjing;
7)    kecap pagawéan + kecap sipat: sila ipis, seuri konéng;
8)    kecap sipat + kecap barang: beureum panon, amis mata;
9)    kecap bilangan + kecap barang: tiga nagri, pancabaya, caturwarga;
10)  kecap bilangan + kecap bilangan: pancatunggal, tritunggal.


2.     Kecap Sulur

Kecap sulur téh nyaéta kecap anu dipaké pikeun gaganti (nyuluran) kecap barang.

Kecap sulur bisa dibagi jadi sababaraha golongan, nyaéta:

a)      Kecap Gaganti Ngaran

Kecap gaganti ngaran nyaéta kecap anu dipaké pikeun gaganti ngaran jalma. Ieu ogé bisa dibagi jadi sababaraha golongan, nyaéta:

1)      Kecap gaganti jalma kahiji;

2)      Kecap gaganti jalma kadua;

3)      Kecap gaganti jalma ketilu;

4)      Kecap sesebutan

 

1)      Kecap Gaganti Jalma Kahiji

Kecap gaganti jalma kahiji (nu nyarita) dina basa Sunda kaitung loba. Dilarapkeunana diluyukeun jeung kaayaan, anu raket patalina jeung tatakrama basa (undak-usuk basa) Sunda. Aya kecap gaganti jalma kahiji tunggal jeung aya jalma kahiji loba (jama’).

 

Kecap gaganti ngaran jalma kahiji tunggal sarta conto larapna dina kalimah:

(1)    Kuring

Kuring rék indit ka sakola”

(2)    Déwék

“Balik sakola, déwék mah rék nguseup ka Citarum.”

(3)    Urang

Urang mah lain hayang piagem digawé téh.”

(4)    Kami

“Ceuk kami ogé ulah pipilueun urusan gegedén!”

(5)    di dieu

Di dieu mah kumaha di dinya, baé.”

(6)    sorangan

“Sorangan ogé lain teu bisa nyieun buku téh.”

(7)    Abdi

“Upami kawidian, abdi badé ngiring ka Lombok.”

(8)    Sim kuring

“Langkung ti payun sim kuring ngahaturkeun nuhun ka sadérék sadayana.”

(9)    Kaula

“Nu matak kaula datang ka dieu mawa parentah Raja.”

(10) Aing

“Sia téh nangtang ka aing

 

Kecap gaganti ngaran jalma kahiji lobaan (jama’) sarta conto larapna dina kalimah:

(1)    Urang

“Sakeudeung deui urang nyanghareupan Pemilu.”

(2)    Kuring sarerea

“Kuring saréréa rék milu ngarojong pangwangunan.”

(3)    Abdi sadayana

Abdi sadayana parantos sayogi mayunan Ujian Nasional.”

 

2)      Kecap Gaganti Jalma Kadua

Kecap gaganti jalma kadua (nu diajak nyarita) dina basa Sunda ogé loba. Dipakéna diluyukeun jeung kaayaan, anu raket patalina jeng tatakrama basa Sunda.

 

Kecap gaganti jalma kadua tunggal katut conto larapna dina kalimah:

(1)    Maneh

Maneh kudu buru-buru nepungan Kang Dadan!”

(2)    Hidep

Hidep téh geus déwasa, geus kudu boga pacabakan.”

(3)    Di dinya

“Lamun di dinya rék milu, engké disampeur ku di dieu.”

(4)    Anjeun

Anjeun mah panginten tos lali ka abdi.”

(5)    Silaing

Ari silaing rek milu ka Masjid Al-Jabbar.”

(6)    Sia

Sia téh rek jadi naon atuh, mana bangor-bangor deuing!”

(7)    Urang

Urang téh ti mana asal!”

(Drs. Budi Rahayu, Tamsyah, Spk., Galuring Basa Sunda, Pustaka Setia, Bandung)