Jumat, 29 Maret 2013

Warna Kecap (Kecap Lulugu)


A. Kecap Lulugu

a. Kecap Barang jeung Sulur
1. Kecap Barang

Perhatikeun kalimah di handap!
(1) Arif keur maca buku.
(2) Bu Guru nuju nyerat dina bor (papan tulis).
(3)  Patani manggul pacul.

Dina conto kalimah di luhur aya kecap-kecap: Arif, buku, Bu Guru, bor, patani, jeung pacul. Dina kalimah di luhur kecap-kecap Arif, Bu Guru, jeung patani mangrupa jejer (subyék). Ari kecap-kecap buku, bor, jeung pacul mangrupa obyék. Kabéhanana ogé kecap barang. Jadi bisa disebutkeun kieu: kecap barang téh nyaéta kecap anu bisa nyicingan tempat jejer atawa obyék dina kalimah.

Salian ti éta, aya ciri-ciri kecap barang séjénna, di antarana:
1)    kecap barang bisa nuturkeun kecap bilangan: lima urang, dua bonjor, opat lambar, jeung sajabana;
2)    kecap barang dituturkeun ku kecap gaganti diri: buku kuring, baju manéhna, lancingan anjeunna;
3)    bisa dipiheulaan kecap pangantét: di Banjar, ti dinya, tina méja, dina korsi;
4)    bisa dituturkeun frasa ‘nu + kecap sipat: awéwé nu geulis, budak nu pinter, baju nu bodas.

Nurutkeun hartina kecap barang téh nyaéta kecap anu nuduhkeun barang atawa ngaran nu dianggap barang. Ti dinya, aya baé nu disebut kecap barang kongkrit (nyata) jeung kecap abstrak (ciciptan). Kecap barang kongkrit nyaéta ngaran pikeun hal anu bisa diténjo, diragap, dirasakeun. Ari kecap barang abstrak nyaéta hal anu dianggap barang.

Nu kaasup kecap barang kongkrit, di antarana:
- kembang
- méja
- korsi
- imah
- batu
- pasir
- tegal
- cai
- minyak
- pulisi
- tentara
- baju
- sapatu
- Arif
- Budiman
- guru
- gubernur
- dokter
- Bandung
- Amérika Serikat
- Sumatra
- Timor Timur
- siriah
- suku
- anak
- salaki

Nu kaasup kecap barang abstrak, di antarana:
- agama
- poé
- berita
- roh
- élmu
- sumanget
- jiwa
- pancén

Sakabéh conto di luhur mangrupa wangun dasar. Salian ti éta aya deui kecap barang anu mangrupa kecap barang turunan. Aya nu mangrupa kecap barang kongkrit jeung aya nu mangrupa kecap barang abstrak. Anu jelas, mibanda harti anu béda jeung wangun dasarna. Malah teu saeutik anu asalna tina warna kecap séjen.

a)    Kecap Barang Kecap Rundayan

1)    tina kecap pagawéan
               Contona:  dagang + pa-   padagang
                                 cabak + paan → pacabakan
                                 dahar + -eun dahareun
               
2)    tina kecap sipat
               Contona:  bungah + ka-   kabungah
                                 bogoh+ ka-   kabogoh
                                 atah +  -an atahan

b)    Kecap Barang Kecap Rajékan

1)    tina kecap pagawéan
               Contona:  colok + R   cocolok
                                 goda + R  → gogoda
                                 coba + R   cocoba
               
2)    tina kecap sipat
               Contona:  kolot + R   kokolot
                                 pait  + R   papait
                                 kotor +  R kokotor

c)    Kecap Barang Kecap Kantétan

1)    kecap barang + kecap pagawéan: kembang goyang, randamidang, putri noong;
2)    kecap barang + kecap sipat: pais geulis, barangbang semplak, calana sontog, kelom geulis;
3)    kecap barang + kecap bilangan: ketuk tilu, roda dua, suku opat;
4)    kecap sipat + kecap pagawéan: haneut moyan, lésang kuras;
5)    kecap pagawéan + kecap pagawéan: hakan paké;
6)    kecap pagawéan + kecap barang: heuay badak, jogo anjing;
7)    kecap pagawéan + kecap sipat: sila ipis, seuri konéng;
8)    kecap sipat + kecap barang: beureum panon, amis mata;
9)    kecap bilangan + kecap barang: tiga nagri, pancabaya, caturwarga;
10)  kecap bilangan + kecap bilangan: pancatunggal, tritunggal.


2.     Kecap Sulur

Kecap sulur téh nyaéta kecap anu dipaké pikeun gaganti (nyuluran) kecap barang.

Kecap sulur bisa dibagi jadi sababaraha golongan, nyaéta:

a)      Kecap Gaganti Ngaran

Kecap gaganti ngaran nyaéta kecap anu dipaké pikeun gaganti ngaran jalma. Ieu ogé bisa dibagi jadi sababaraha golongan, nyaéta:

1)      Kecap gaganti jalma kahiji;

2)      Kecap gaganti jalma kadua;

3)      Kecap gaganti jalma ketilu;

4)      Kecap sesebutan

 

1)      Kecap Gaganti Jalma Kahiji

Kecap gaganti jalma kahiji (nu nyarita) dina basa Sunda kaitung loba. Dilarapkeunana diluyukeun jeung kaayaan, anu raket patalina jeung tatakrama basa (undak-usuk basa) Sunda. Aya kecap gaganti jalma kahiji tunggal jeung aya jalma kahiji loba (jama’).

 

Kecap gaganti ngaran jalma kahiji tunggal sarta conto larapna dina kalimah:

(1)    Kuring

Kuring rék indit ka sakola”

(2)    Déwék

“Balik sakola, déwék mah rék nguseup ka Citarum.”

(3)    Urang

Urang mah lain hayang piagem digawé téh.”

(4)    Kami

“Ceuk kami ogé ulah pipilueun urusan gegedén!”

(5)    di dieu

Di dieu mah kumaha di dinya, baé.”

(6)    sorangan

“Sorangan ogé lain teu bisa nyieun buku téh.”

(7)    Abdi

“Upami kawidian, abdi badé ngiring ka Lombok.”

(8)    Sim kuring

“Langkung ti payun sim kuring ngahaturkeun nuhun ka sadérék sadayana.”

(9)    Kaula

“Nu matak kaula datang ka dieu mawa parentah Raja.”

(10) Aing

“Sia téh nangtang ka aing

 

Kecap gaganti ngaran jalma kahiji lobaan (jama’) sarta conto larapna dina kalimah:

(1)    Urang

“Sakeudeung deui urang nyanghareupan Pemilu.”

(2)    Kuring sarerea

“Kuring saréréa rék milu ngarojong pangwangunan.”

(3)    Abdi sadayana

Abdi sadayana parantos sayogi mayunan Ujian Nasional.”

 

2)      Kecap Gaganti Jalma Kadua

Kecap gaganti jalma kadua (nu diajak nyarita) dina basa Sunda ogé loba. Dipakéna diluyukeun jeung kaayaan, anu raket patalina jeng tatakrama basa Sunda.

 

Kecap gaganti jalma kadua tunggal katut conto larapna dina kalimah:

(1)    Maneh

Maneh kudu buru-buru nepungan Kang Dadan!”

(2)    Hidep

Hidep téh geus déwasa, geus kudu boga pacabakan.”

(3)    Di dinya

“Lamun di dinya rék milu, engké disampeur ku di dieu.”

(4)    Anjeun

Anjeun mah panginten tos lali ka abdi.”

(5)    Silaing

Ari silaing rek milu ka Masjid Al-Jabbar.”

(6)    Sia

Sia téh rek jadi naon atuh, mana bangor-bangor deuing!”

(7)    Urang

Urang téh ti mana asal!”

(Drs. Budi Rahayu, Tamsyah, Spk., Galuring Basa Sunda, Pustaka Setia, Bandung)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar