Rabu, 03 Juni 2009

Sundanese Language -Kecap Rajékan

C. Kecap Rajékan

Perhatikeun conto kalimah di handap!
1. Kang Dadan tumpak kuda.
2. Mang Idris keur nyieun kuda-kuda.

Dina kalimah di luhur aya kecap kuda jeung kuda-kuda. Duanana ogé mangrupa kecap barang. Tapi mibanda wangun jeung harti anu béda, ku lantaran geus kakeunaan ku prosés morfologis.

Kecap kuda ngandung harti ‘sato nu sukuna opat’, ari kecap kuda-kuda ngandung harti ‘barang (pakakas) anu mirip kuda’. Wangunna, kecap kuda mangrupa kecap asal. Ari kecap kuda-kuda mangrupa kecap asal atawa wangun dasar anu disebut dua kali. Dina élmu basa, nyebut dua kali wangun dasar leuwih wangun dasarna téh disebut ngarajék. Ari hasilna disebut kecap rajékan.

Tah, kecap kuda-kuda kaasup kana kecap rajékan. Conto séjénna: imah-imah, kotak-kotak, aki-aki, bapa-bapa.

Conto di luhur kabéh ogé mangrupa kecap rajékan sagemblengna.
Salian ti éta, aya deui kecap rajékan sabagian, boh bagian hareupna, boh bagian tengahna. Contonna: tatajong, babagi, sababaraha.

Kumaha carana nangtukeun, yén hiji kecap téh kecap rajékan atawa lain?

Perhatikeun conto kalimah di handap!
3. Pa Karjo keur ngala papatong.

Dina kalimah di luhur aya kecap papatong, kecap anu bagian hareupna disebut dua kali. Naha éta téh kecap rajékan?

Pikeun nangtukeunana, urang talék dumasar kana prosés morfologisna:
1. naha wangunna robah?
2. naha mibanda kagunaan ngawangun warna kecap?
3. naha ngawangun hari anyar?

Pikeun ngajawab patalékan kahiji, téangan wangun dasarna! Naha aya kecap patong? Dina basa Sunda, euweuh kecap patong. Lamun kitu, tangtu baé moal ngawangun warna kecap jeung harti anyar. Hartina, kecap papatong téh lain kecap anu wangun dasarna disebut dua kali hasil ngarajék. Anu kitu disebutna kecap rajékan semu.

Conto séjénna: kukupu, pipiti, téténong, cika-cika, kini-kini


Sumber: Galuring Basa Sunda

Diteraskeun waktos nu sanes....

Bersambung....

3 komentar:

  1. Punten kang, badé naros.
    Upami bedana kecap rajékan Dwilingga sareng Dwiréka téh naon nya kang?

    Hatur nuhun.

    BalasHapus
  2. abdi tos nga posting dinten Kemis, 19 Agustus 2010. Mung masih sakedik...

    BalasHapus