Selasa, 04 Maret 2008

Diajar Basa Sunda (Neraskeun Guna Rarangkén Hareup N-)

Neraskeun gunana rarangkén N- (Nasal)

3. “Mang Joni keur ngawuluku di sawah.”
Rarangkén N- dina kecap ngawuluku gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’ngalakukeun pagawéan ku/maké ...’.
Conto séjénna: nyugu, ngecrik, ngarit, ngabuldoser

4. ”Manéna téh kungsi masantrén di Tasik.”
Rarangkén N- dina kecap masantrén gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’ngalakukeun di ...’.
Conto séjénna: masar, ngaranca, ngebon, nyawah, ngahuma

5. ”Kuring ngarasa bungah manéh geus lulus ujian.”
Rarangkén N- dina kecap ngarasa gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’boga ...’.
Conto séjénna: ngaraos

6. ”Geus sakuduna urang ngabdi ka nagara jeung bangsa.”
Rarangkén N- dina kecap ngabdi gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’milampah saperti ...’.
Conto séjénna: ngawula, ngajag

7. ”Bu Tati keur meunteun hasil ulangan kelas dua.”
Rarangkén N- dina kecap meunteun gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’méré ...’.
Conto séjénna: ngahampura, ngahormat, ngama’lum

8. ”Néng Azka geus pinter ngagambar.”
Rarangkén N- dina kecap ngagambar gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’nyieun ...’.
Conto séjénna: nyayur, nyambel, ngabordél, nyulam

9. ”Pa Rahmat nuju ngalayung di tepas bumina.”
Rarangkén N- dina kecap ngalayung gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’ngalakukeun dina waktu ...’.
Conto séjénna: nyubuh, moyan, meuting

10. ”Budak téh gawéna ngan ngaruksak cocooan baé.”
Rarangkén N- dina kecap ngaruksak gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’nyieun jadi ...’.
Conto séjénna: meulah, ngalebur

11. ”Ulah sok ngahina ke jelema téh.”
Rarangkén N- dina kecap ngahina gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’nganggap ...’.
Conto séjénna: ngahampas, nyatru

12. ”Basa kuring datang manéhna keur ngagolér dina dipan.”
Rarangkén N- dina kecap ngagolér gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’aya dina kaayaan ...’.
Conto séjénna: ngadayagdag, ngabaheuhay, ngedeng

13. ”Ceu Purma keur ngabaso di alun-alun.”
Rarangkén N- dina kecap ngabaso gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’dahar/nginum ...’.
Conto séjénna: nyirop, nyoto, ngopi, ngemih

14. ”Ari solat téh kudu ngiblat.”
Rarangkén N- dina kecap ngiblat gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’nyanghareup/ngajugjug ka ...’.
Conto séjénna: ngalér, ngidul, ngétan, ngulon

15. ”Di luar anjing ngagogog mani ragég.”
Rarangkén N- dina kecap ngagogog gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’ngaluarkeun sora...’.
Conto séjénna: ngagaur, ngahiem, ngabérélé, ngahahah, ngorosok

16. ”Lebah dinya mah jalana ngolécér.”
Rarangkén N- dina kecap ngolécér gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’kaayan saperti...’.
Conto séjénna: nyagak, mayung, nanjeur

17. ”Abong seniman, imahna ogé nyéni.”
Rarangkén N- dina kecap nyéni gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’boga sipat...’.
Conto séjénna: nyéntrik, ngedul, ngota


6. Rarangkén Hareup pa-
Guna jeung harti rarangkén hareup pa-, di antarana:

1. ”Bapa kuring mah patani.”
Rarangkén pa- dina kecap patani gunana ngawangun kecap barang nu hartina ’nu biasa/pacabakanana...’.
Conto séjénna: padagang, pamayang

2. “Ayeuna manéhna jadi patugas kaamanan di palabuan.”
Rarangkén pa- dina kecap patugas gunana ngawangun kecap barang nu hartina ’anu ngalakukeun..’.
Conto séjénna: pagawé, pajoang, patandang, pamingpin

3. “Upami teu aya paudur abdi ogé badé dongkap.”
Rarangkén pa- dina kecap paudur gunana ngawangun kecap barang nu hartina ’anu jadi...’.

4. “Kuring teu mawa panakol kohkol.”
Rarangkén pa- dina kecap panakol gunana ngawangun kecap barang nu hartina ’alat/nu dipake...’.
Conto séjénna: paneunggeul, pangajul, pamupus

5. “Kuring papisah jeung manéhna téh di Pintusinga.”
Rarangkén pa- dina kecap papisah gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’aya dina kaayaan...’.
Conto séjénna: pagalo, paribut, paantel

6. “Geus lila kuring teu patanya jeung manéhna téh.”
Rarangkén pa- dina kecap patanya gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’pabales-bales/silih...’.


7. Rarangkén Hareup pada-
Guna jeung hari rarangkén hareup pada-, di antarana:

1. ”Bangsat téh padangepung ku urang Buahbatu.”
Rarangkén pada- dina kecap padangepung gunana ngawangun kecap pagawéan (pasif) nu hartina ’loba kakeunaan ku pagawéan ...’.
Conto séjénna: padanyiwit, padamelong, padamoro

2. ”Adi lanceuk padadagang kaén di Pasar Baru.”
Rarangkén pada- dina kecap padadagang gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’sarua ...’.
Conto séjénna: padadaék, padausaha

3. ”Pérsib jeung Bandung Raya mah padakuat atuh.”
Rarangkén pada- dina kecap padakuat gunana ngawangun kecap sipat anu hartina ’sarua ...’.
Conto séjénna: padabeunghar, padageulis

Sakitu wae heula .....

Nuhun

Tidak ada komentar:

Posting Komentar