Kamis, 27 Maret 2008

Diajar Basa Sunda (neraskeun)

11. Rarangkén Hareup sa-
Guna jeung harti rarangkén hareup sa-, di antarana:

1. ”Néng Azka mah sarupa pisan jeung indungna.”
Rarangkén sa- dina sarupa gunana ngawangun kecap sipat nu hartina ’sarua ...-na’.
Conto séjéna: samodél, sawarna

2. ”Lauk saramo ku opatan, atuh moal seubeuh.”
Rarangkén sa- dina saramo gunana ngawangun kecap sipat nu hartina ’sagede...’.

3. ”Balong téh jerona ngan sacangkéng.”
Rarangkén sa- dina sacangkéng gunana ngawangun kecap sipat nu hartina ’semet/nepi kana/ka ...’.
Conto séjéna: sadada, sapingping, jeung sabeuheung

4. ”Manehna nulis dina kertas salambar.”
Rarangkén sa- dina salambar gunana ngawangun kecap bilangan nu hartina ’hiji...’.
Conto séjéna: sagandu, sakilo, jeung saleunjeur

5. ”Samemeh indit ka sakola, kuring sasarap heula.”
Rarangkén sa- dina samemeh gunana ngawangun kecap pancén nu hartina ’nuduhkeun waktu’.
Conto séjéna: sabada, saencan


12. Rarangkén Hareup sang-
Rarangkén harup sang- gunana ngawangun cakal anu hartina ’aya dina kaayaan’. Contona: sanghulu, sangigir, jeung sanghareup. Éta kecap téh baris mibanda harti tur bisa madeg mandiri upama saenggeus ngaliwatan proses morfologis deui. Upamana waé dirarangkénan ku rarangkén N-. Jadi, nyanghulu, nyanghareup. Tangtu wé, hartina ogé jadi rubah.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar