Minggu, 02 Maret 2008

Diajar Basa Sunda (Rarangkén Hareup)

Rarangkén Hareup

4. Rarangkén Hareup ka-
Guna jeung hartina rarangkén hareup ka-, di antarana:
1.“Loték Bi Encum kajojo ku urang mana-mendi.”
Rarankén ka- di dinya gunana ngawangun kecap pagawéan (pasif) nu hartina ‘kakeunaan ku pagawéan di- …’.
Conto séjénna: kagiridig

2. “Rujak téh geuning henteu karasa ladana.”
Rarangkén ka- di dinya gunana ngawangun kecap pagawéan (pasif) nu hartina ‘bisa di- …-keun’.
Conto séjénna: kagambar, kabayang.

3. “Babawaan téh moal bias kabawa kabéh.”
Rarangkén ka- di dinya gunana ngawangun kecap pagawéan (pasif) nu hartina ‘bisa di- …”.
Conto séjénna: kaangkut, kasawang, kairong.

4. “Hayam jago Mang Iyas kagéléng mobil.”
Rarangkén ka- di dinya gunana ngawangun kecap pagawéan (pasif) nu hartina “teu dihaja di- …’.
Conto séjénna: katincak, katoél, katubruk, kapacul

5. “Rumasa kuring mah jalma euweuh kanyaho.”
Rarangkén ka- di dinya gunana ngawangun kecap barang nu hartina ‘hal anu patali jeung …’.
Conto séjénna: kabisa, kamampuh, kasakit

6. “Abdi mah teu acan gaduh kabogoh, margi sakola kénéh.”
Rarangkén ka- di dinya gunana ngawangun kecap barang nu hartina ‘hal anu dipi- …’.
Conto séjénna: kahayang, kaasih, kanyaah

7. “Manehna téh kapélét ku Néng Elis urang Buah batu.”
Rarangkén ka- di dinya gunana ngawangun kecap sipat nu hartina ‘kakeunaan ku …’.
Conto séjénna: kagendam, kaduyung
8. “Jang Somad jadi unggul kahiji saémbara ngarang puisi.”
Rarangkén ka- di dinya gunana ngawangun kecap bilangan nu hartina ‘tahapan atawa bagian…’.
Conto séjénna: kadua, katilu, kasapuluh


5. Rarangkén Hareup N- (nasal)
Rarangkén hareup N- mibanda alomorf (variasi) m-, n-, ng-, nga-, nge-, jeung ny-.
• Rarangkén N- robah jadi m- upama ngantét kana wangun dasar anu dimimitian ku konsonan b jeung p.
Contona: baca + N- ------> maca
Pacul + N- ------> macul

• Rarangkén N- robah jadi n- upama ngantét kana wangun dasar anu dimimitian ku konsonan t.
Contona: tulis + N- ------> nulis
tanya + N- ------> nanya

• Rarangkén N- robah jadi ng- upama ngantét kana wangun dasar anu dimimitian ku konsonan k jeung vokal.
Contona: karang + N- ------> ngarang
aku + N- ------> ngaku

• Rarangkén N- robah jadi nga- upama ngantét kana wangun dasar anu dimimitian ku konsonan b, d, g, h, j, l, m, n, w, jeung y.
Contona: badug + N- ------> ngabadug
dulag + N- ------> ngadulag
golér + N- ------> ngagolér
hampas + N- ------> ngahampas
juru + N- ------> ngajuru
liang + N- ------> ngaliang
ma’lum + N- ------> ngama’lum
riung + N- ------> ngariung
wadul + N- ------> ngawadul
yuga + N- ------> ngayuga

• Rarangkén N- robah jadi nge- upama ngantét kana wangun dasar anu dimimitian ku konsonan sarta ngan saengang.
Contona: cét + N- ------> ngecét
Bor + N- ------> ngebor

• Rarangkén N- robah jadi ny- upama ngantét kana wangun dasar anu dimimitian ku konsonan c jeung s..
Contona: colok + N- ------> nyolok
sapih + N- ------> nyapih

Guna jeung harti rarangkén N- di antarana:

1.“Ayeuna urang sami-sami ngadu’a ka Gusti Alloh.”
Rarangkén N- di dinya gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ‘ngedalkeun …’.
Conto séjénna: ngadongéng, nyarita, nyora

2.“Kuring keur maca novel basa Sunda.”
Rarangkén N- di dinya gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ‘ngalakukeun pagawéan …’.
Conto séjénna: nginum, ngigel, ngaji, masak

sakitu waé heula
nuhun …………

2 komentar:

  1. hapunten kang admin, ngiring ngadownload
    sareng bade naros, nu di serat teh buku pangajaran basa sunda pikeun kelas baraha?

    BalasHapus
  2. Kanggo umum, sing saha wae nu bade diajar basa sunda... dicutat tinu buku
    Galuring Basa Sunda, Penerbitna Pustaka Setia, karya Drs. Budi Rahayu, Tamsyah, Spk.

    BalasHapus