Neraskeun gunana rarangkén N- (Nasal)3. “Mang Joni keur
ngawuluku di sawah.”
Rarangkén
N- dina kecap
ngawuluku gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’ngalakukeun pagawéan ku/maké ...’.
Conto séjénna:
nyugu,
ngecrik,
ngarit,
ngabuldoser4. ”Manéna téh kungsi
masantrén di Tasik.”
Rarangkén
N- dina kecap
masantrén gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’ngalakukeun di ...’.
Conto séjénna:
masar,
ngaranca,
ngebon,
nyawah,
ngahuma5. ”Kuring
ngarasa bungah manéh geus lulus ujian.”
Rarangkén
N- dina kecap
ngarasa gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’boga ...’.
Conto séjénna:
ngaraos6. ”Geus sakuduna urang
ngabdi ka nagara jeung bangsa.”
Rarangkén
N- dina kecap
ngabdi gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’milampah saperti ...’.
Conto séjénna:
ngawula,
ngajag7. ”Bu Tati keur
meunteun hasil ulangan kelas dua.”
Rarangkén
N- dina kecap
meunteun gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’méré ...’.
Conto séjénna:
ngahampura,
ngahormat,
ngama’lum8. ”Néng Azka geus pinter
ngagambar.”
Rarangkén
N- dina kecap
ngagambar gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’nyieun ...’.
Conto séjénna:
nyayur,
nyambel,
ngabordél,
nyulam9. ”Pa Rahmat nuju
ngalayung di tepas bumina.”
Rarangkén
N- dina kecap
ngalayung gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’ngalakukeun dina waktu ...’.
Conto séjénna:
nyubuh,
moyan,
meuting10. ”Budak téh gawéna ngan
ngaruksak cocooan baé.”
Rarangkén
N- dina kecap
ngaruksak gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’nyieun jadi ...’.
Conto séjénna:
meulah,
ngalebur11. ”Ulah sok
ngahina ke jelema téh.”
Rarangkén
N- dina kecap
ngahina gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’nganggap ...’.
Conto séjénna:
ngahampas,
nyatru12. ”Basa kuring datang manéhna keur
ngagolér dina dipan.”
Rarangkén
N- dina kecap
ngagolér gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’aya dina kaayaan ...’.
Conto séjénna:
ngadayagdag, n
gabaheuhay,
ngedeng13. ”Ceu Purma keur
ngabaso di alun-alun.”
Rarangkén
N- dina kecap
ngabaso gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’dahar/nginum ...’.
Conto séjénna:
nyirop,
nyoto,
ngopi,
ngemih14. ”Ari solat téh kudu
ngiblat.”
Rarangkén
N- dina kecap
ngiblat gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’nyanghareup/ngajugjug ka ...’.
Conto séjénna:
ngalér,
ngidul,
ngétan,
ngulon15. ”Di luar anjing
ngagogog mani ragég.”
Rarangkén
N- dina kecap
ngagogog gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’ngaluarkeun sora...’.
Conto séjénna:
ngagaur,
ngahiem,
ngabérélé,
ngahahah,
ngorosok16. ”Lebah dinya mah jalana
ngolécér.”
Rarangkén
N- dina kecap
ngolécér gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’kaayan saperti...’.
Conto séjénna:
nyagak,
mayung,
nanjeur17. ”Abong seniman, imahna ogé
nyéni.”
Rarangkén
N- dina kecap
nyéni gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’boga sipat...’.
Conto séjénna:
nyéntrik,
ngedul,
ngota6. Rarangkén Hareup pa- Guna jeung harti rarangkén hareup
pa-, di antarana:
1. ”Bapa kuring mah
patani.”
Rarangkén
pa- dina kecap
patani gunana ngawangun kecap barang nu hartina ’nu biasa/pacabakanana...’.
Conto séjénna:
padagang,
pamayang2. “Ayeuna manéhna jadi
patugas kaamanan di palabuan.”
Rarangkén
pa- dina kecap
patugas gunana ngawangun kecap barang nu hartina ’anu ngalakukeun..’.
Conto séjénna:
pagawé,
pajoang,
patandang,
pamingpin3. “Upami teu aya
paudur abdi ogé badé dongkap.”
Rarangkén
pa- dina kecap
paudur gunana ngawangun kecap barang nu hartina ’anu jadi...’.
4. “Kuring teu mawa
panakol kohkol.”
Rarangkén
pa- dina kecap
panakol gunana ngawangun kecap barang nu hartina ’alat/nu dipake...’.
Conto séjénna:
paneunggeul,
pangajul,
pamupus5. “Kuring
papisah jeung manéhna téh di Pintusinga.”
Rarangkén
pa- dina kecap
papisah gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’aya dina kaayaan...’.
Conto séjénna:
pagalo,
paribut,
paantel6. “Geus lila kuring teu
patanya jeung manéhna téh.”
Rarangkén
pa- dina kecap
patanya gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’pabales-bales/silih...’.
7. Rarangkén Hareup pada-Guna jeung hari rarangkén hareup
pada-, di antarana:
1. ”Bangsat téh
padangepung ku urang Buahbatu.”
Rarangkén
pada- dina kecap
padangepung gunana ngawangun kecap pagawéan (pasif) nu hartina ’loba kakeunaan ku pagawéan ...’.
Conto séjénna:
padanyiwit,
padamelong,
padamoro2. ”Adi lanceuk
padadagang kaén di Pasar Baru.”
Rarangkén
pada- dina kecap
padadagang gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’sarua ...’.
Conto séjénna:
padadaék,
padausaha3. ”Pérsib jeung Bandung Raya mah
padakuat atuh.”
Rarangkén
pada- dina kecap
padakuat gunana ngawangun kecap sipat anu hartina ’sarua ...’.
Conto séjénna:
padabeunghar,
padageulisSakitu wae heula .....
Nuhun