Minggu, 24 Februari 2008

Diajar Basa Sunda (Kecap Rundayan)

neraskeun....

B. Kecap Rundayan
Kecap rundayan téh nyaéta kecap anu wangun dasarna geus dirarangkénan. Rarangkén dina basa Sunda téh kabéhanana aya opat, nyaéta: rarangkén hareup (afiks atawa awalan): rarangkén tengah (infiks atawa sisipan); rarangkén tukang (sufiks atawa akhiran); jeung rarangkén barung (konfiks)

a. Rarangkén Hareup
Rarangkén hareup nyaéta rarangkén anu ngantét hareupeun wangun dasarna. Rarangkén hareup dina basa Sunda nyaéta: ba-, barang-, di-, ka-, N-, pa-, pada-, pang-, para-, per-, pi-, sa-, sang-, si-, silih/sili-, ti-, ting/pating-.

1. Rarangkén Hareup ba-
Conto kecap dina kalimah:
“Pa Haji Rahmat milu bajoang ngarebut kamerdékaan.”
Gunana rarangkén hareup ba- pikeun ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ‘ngalakukeun…’
Conto séjéna: balayar, badarat, barempug.

2. Rarangkén Hareup barang-
“Kuring mah ka dieu téh lain rék barangpénta.”
Gunana rarangkén hareup barang- ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ngalakukeun pagawéan anu teu tangtu atawa teu puguh objékna’.
Conto séjénna: barangbeuli, baranginjeum, barangdahar.

3. Rarangkén Hareup di-
Guna jeung harti rarangkén hareup di-, di antarana:

(1) “Poé ieu mah kuring rék digawé nepi ka peuting.”
Rarangkén di- dinya gunana ngawangun kecap pagawean (aktif) nu hartina ‘ngalakukeun …’.
Conto séjéna: diajar, didamel

(2) “Lamun rék ka masjid kudu dikopéah atuh.”
Rarangkén di- di nya gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ‘maké’ ….
Conto séjénna: dibaju, dikabaya, disapatu, didasi.

(3) “Pepetasan téh geuning henteu disada.”
Rarangkén di- di di dinya gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ‘ngaluarkeun …’.

(4) “Buku téh geus dibaca ku kuring.”
Rarangkén di- di dinya gunana ngawangun kecap pagawéan (pasif) nu hartina ‘kakeunaan pagawéan ….’.
Conto séjénna: dibilang, dibawa, dicokot, dikorupsi.

(5) “Ban mobil téh kempés, kudu dikompa heula.”
Rarangkén di- di dinya gunana ngawangun kecap pagawéan (pasif) nu hartina ‘kakeunaan pagawéan ku/make …’.
Conto séjéna: didongkrak, dibuldoser, disugu, dipacul.

(6) “Lamun leuweung diruksak tangtu bakal aya akibatna.”
Rarangkén di- di dinya gunana ngawangun kecap pagawéan (pasif) nu hartina “dijieun jadi …’.
Conto séjéna: dijebol, dibentuk, dibeureun (saperti dina babasan: rék dibeureum, rék dihideung …)

(7) “Guru mah geus sakuduna dihormat.”
Rarangkén di- di dinya gunana ngawangun kecap pagawéan (pasif) nu hartina ‘dibere’
Conto séjénna: dipeunteun, dihampura.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar