Sabtu, 23 Februari 2008

Diajar Basa Sunda-BAB 2

Bab 2
Wangun Kecap

A. Kecap Asal
Perhatikeun conto kalimah di handap!
1. Kuring balik sakola.
2. Abdi bade wangsul ayeuna.

Upama ku urang dititénan, kalimah-kalimah di luhur téh diwangun ku kecap asal wungkul. Kecap asal, disebut ogé wangun asal, nyaéta kecap dasar lain mangrupa hasil prosés morfologis.

Naon ari prosés morfologis?
Prosés morfologis basa Sunda téh nyaéta prosés ngahasilkeun kecap turunan (kata jadian) ku cara:
- ngararangkénan, anu hasilna disebut kecap rundayan;
- ngarajék, anu hasilna disebut kecap rajékan;
- ngantétkeun, anu hasilna disebut kecap kantétan.

Pikeun nganyahokeun hiji kecap téh mangrupa hasil prosés morfologis atawa lain, urang nyaho heula kana ciri-cirina.

Ciri-ciri prosés morfologis téh,di antarana:
1) wangun kecapna robah, tina kecap dasar jadi kecap turunan;
2) warna kecapna robah, upamana baé tina kecap barang jadi kecap pagawéan;
3) mibanda harti anyar; jeung
4) mibanda fungsi ngawangun warna kecap.

Upama baé kecap dahar. Éta téh kecap asal. Sanggeus ngaliwatan prosés morfologis ku cara dirarangkénan ku rarangkén tukang -eun jadi dahareun, wangun kecapna robah, tinu kecap asal jadi kecap rundayan. Warna kecap robahna, tina kecap pagawéan jadi kecap barang. Hartina ogé robah deui, tina "ngeusian beuteung ku kadaharan" jadi anu rék atawa didahar". Tur mibanda fungsi ngawangun (warna) kecap barang.

Dina pedaran tadi, aya istilah kecap asal (wangun asal) jeung kecap dasar (wangun dasar). Tadi ogé geus disebutkeun, yén kecap asal the nyaéta kecap dasar anu lain mangrupa proses morfologis. Kecap asal bisa jadi dadasar pikeun ngawangun kecap anyar ku cara dirarangkénan, dirajék, dikantétkeun. Lebah dieu sarua jeung kecap dasar (wangun dasar). Bédana, kecap dasar mah bisa mangrupa kecap hasil prosés morfologis. Bisa mangrupa kecap rundayan, kecap rajékan, atawa kecap kantétan. Jadi bisa disebutkeun kieu: sakabéh kecap asal mangrupa kecap dasar, tapi henteu sakabéh kecap asal mangrupa kecap dasar, tapi henteu sakabéh kecap dasar mangrupa kecap asal.

Contona kecap kadaharanana. Wangun dasarna kecap kadaharan,ari kecap asalna dahar. Kecap ditampilingan, wangun dasarna: ditampiling, ari kecap asalna: tampiling.
Sangkan leuwih tétéla, tengetan bagan di handap!

Kadaharanana
/ \
kadaharan -ana
/ \
kadahar -an
/ \
ka dahar


Kecap kadaharanana wangun dasarna kadaharan, make rarangkén tukang –ana (alomorf tina rarangkén -na). Kecap kadaharan wangun dasarna kadahar, diterapkeun rarangkén -an. Kecap kadahar wangun dasarna dahar, ditapelan rarangkén ka-. Ari kecap dahar mangrupa kecap asal.

Minangka conto, tengetan wincikan di handap!
- katincakan
Kecap asal : tincak
Wangun dasar : katincak

- dipangmawakeun
Kecap asal : bawa
Wangun dasar : pangmawakeun

- kababawa
Kecap asal : bawa
Wangun dasar : kabawa

- dibulak-balik
Kecap asal : balik
Wangun dasar : bulak-balik

Disawang tina jumlah engangna, kecap asal dina basa Sunda aya nu mibanda sifat:
1) ékaengang, nyaéta anu diwangun ku saengan, contona: sok, jung, rék, blug, keur, bras;
2) dwiengang, nyaéta anu diwangun ku tilu engang, contona: saré, bapa, cau, banjir, congkrang;
3) triengang, nyaéta anu diwangun ku tilu engang, contona: boboka, biasa, lalaki, awéwé, anjeucleu, solongkrong;
4) caturengang, nyaéta anu diwangun ku opat engang, contona: amburadul, sologoto, bibilintik, itikurih, marojéngja.
5) pancaengang, nyaéta anu diwangun ku lima engang, contona: élékésékéng, bélékétépé, balagadigdeug, murukusunu, mérékényényén.

B. Kecap Rundayan
Kecap rundayan téh nyaéta kecap anu wangun dasarna geus dirarangkénan. Rarangkén dina basa Sunda téh kabéhanana aya opat, nyaéta: rarangkén hareup (afiks atawa awalan): rarangkén tengah (infiks atawa sisipan); rarangkén tukang (sufiks atawa akhiran); jeung rarangkén barung (konfiks)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar