Minggu, 17 Februari 2008

Hayu Urang Diajar Basa Sunda

Let's Learn Sundanese Language

Ngawitan, nyuhunkeun dihapunten kanu gaduh naskah asli. Kumargi abdi tos kumawantun nga-posting naskahna henteu nyuhunkeun widi ti aranjeuna heula. Mudah-mudahan aranjeuna ngama'lum. 
Simkuring nyandak tinu buku Galuring Basa Sunda nu disusun ku, Drs. Budi Rahayu Tamsyah, Drs. An 'Nur, sareng Dra. Tati Purmawati. Nu diterbitkeun ku Pustaka Setia.


1

Vokal, Konsonan, jeung Engang


A. Vokal
a. Perkara Vokal


Vokal atawa aksara hirup nyaéta sora basa anu diwangun ku sora tina bayah (paru-paru) anu kaluarna ngaliwatan tikoro teu kahalangan ku alat ucap saperti biwir, huntu, létah,lalangit,jeung elak-elakan.Sora anu dikaluarkeun gumantung kana tilu hal, nyaéta:
1. luhur-handapna létah;
2. maju-mundurna létah; jeung
3. wangun biwir

Upama baé, waktu urang ngucapkeun vokal i, posisi létah aya di luhur jeung di hareup, sarta wangun biwir kawas anu nyengir. Sedengkeun waktu ngucapkeun vokal u, posisi létah di luhur jeung di tukang, sarta biwir buleud kawas nu manyun. Tangtu baé baris béda jeung waktu urang ngucapkeun vokal a, o, é, e, jeung eu.

Upama nilik kana luhur-handap jeung maju-mundurna létah, cara ngahasilkeun vocal téh bias dijieun bagan kieu:


---------------------------------------------
| Luhur-   |    Maju-Mundur                    |
| Handap | --------------------------------
|                  | Hareup | Tengah | Tukang |
-----------------------------------------------
| Luhur     |      i        |     eu        |      u       |
| Sedeng   |      é       |      e         |      o        |
| Handap  |               |      a         |                |
-----------------------------------------------

b. Vokal dina Basa Sunda

Dina aksara Sunda, vokal téh disebut aksara macakal, nyaéta aksara anu ngarobah sora. Masing-masing mibanda istilah anu mandiri, nyaéta:
1. panghulu, aksara pikeun ngarobah sora jadi sora i;
2. panyuku, aksara pikeun ngarobah sora jadi sora u;
3. panéléng, aksara pikeun ngarobah sora é (téléng);
4. pamepet, aksara pikeun ngarobah sora jadi e (pepet);
5. panolong, aksara pikeun ngarobah sora jadi sora o;
6. paneuleung, aksara pikeun ngarobah sora jadi sora eu;

Salian ti éta, aya deui aksara atawa bisa disebut tanda-tanda anu ngarobah sora, tapi lain vokal. Upamana baé: pangwisad, panglayar, pamingkal, panyecek, pamaéh, jeung panyakra.

Pangwisad nyaéta tanda sora h (eh) dina tungtung kecap;
Panglayar, tanda sora r (er) dina tungtung kecap;
Pamingkal, tanda sora ya (ya) dinu tungtung kecap;
Penyecek, tanda sora ng (eng) dina tungtung kecap;
Pamaeh, tanda pikeun maéhan sora engang; jeung
Panyakra, tanda pikeun nyelapkeun aksara r (er) dina engang.

Kiwari aksara Sunda téh geus teu diparaké deui. Upama nulis jeung maca, urang Sunda geus ngagunakeun aksara Latén baé. Ku kituna anu disebut vokal ku urang Sunda ayeuna, aksara atawa tandana heunteu béda jeung anu disebut vokal ku sélér bangsa séjén. Iwal ti basa Sunda aya vokal eu, anu euweuh dina basa Indonésia jeung Jawa, upamana.

Vokal atawa aksara hirup dina basa Sunda aya tujuh, nyaéta a, i u, é, o, e, jeung eu. Distribusina dina kecap, bisa nyicingan tempat di hareup (awal kecap), di tengah, atawa di tukang (tungtung kecap).

Pikeun leuwih tétéla, perhatikeun bagan di handap!

-----------------------------------------------------------
|   Vokal  |              Cicingna dina Kecap            |
|                   | ---------------------------------------------
|                   |  di hareup   |   di tengah |  di tukang |
-----------------------------------------------------------
|      a          |     abdi          |     batu         |    kuda         |
|                   |  agama        |     biaya       |     paria       |
|                   |  amprok      |    mandi      |     tibra        |
-----------------------------------------------------------
|       i           |  indit            |     pita         |     sapi          |
|                   |   ibu              |      sair         |      cai           |
|                   |  istri             |   pindah      |    patri         |
----------------------------------------------------------
|       u          |  untung       |     kupa       |     paku        |
|                   |     ulin           |      laun       |       cau         |
|                   |    unggul      |    anduk     |    tambru     |
----------------------------------------------------------
|       é          |  éntog          |    kaléci      |     lélé           |
|                   |   éléh            |    paéh       |     sué             |
|                   | émbrat        |  dompét    |    lotré          |        
----------------------------------------------------------
|       o          |   oncom       |      roti       |     bako         |
|                   |   omong       |    soang     |       bao          |
|                   |  ompong      |   pondok  |      gebro      |
----------------------------------------------------------
|        e         |   entong       |     peti        |      are           |
|                   |     elap           |     siem      |        -              |
|                   |  embung      |     asem     |        -              |
----------------------------------------------------------
|        eu       |  eunteup      | peuyeum |    sampeu   |
|                   |   eureun        |      sieun     |      bieu        |
|                   |  eusleum      | eumbreuk|   nyentreu |
----------------------------------------------------------

Sakitu wé heula ke dilajengkeun deui.

Permios
Nuhun

1 komentar: