Kamis, 21 Februari 2008

Diajar Basa Sunda (Bahasan Engang)

C. Engang
a. Perkara Engang
Engang téh nyaéta bagian kecap anu diucapkeun dina sakali ngaluarkeun hawa (napas) tina baham. Kecap saperti abdi, dikedalkeun ku cara dua kali ngaluarkeun hawa (napas). Sakali waktu ngedalkeun ab, sakali deui waktu ngedalkeun di, Tah, ab jeung di disebut engang. Jadi, kecap abdi diwangun ku dua engang.

Engang dina basa Sunda umumna mibanda vokal nu jadi puncerna. Éta puncer téh dipiheulaan atawa dituturkeun ku hiji konsonan atawa leuwih. Ngan umumna tara leuwih ti dua kitu, aya ogé engang anu diwangun ku hiji vokal. Tapi euweuh engang (basa Sunda) anu diwangun ku hiji konsonan wungkul.

Sawatara conto engang:
aya - a-ya
balik - ba-lik
bandrék - ban-drék
sakola - sa-ko-la

Engang anu ditungtungan ku vokal, disebut engang buka, contona: ba-pa, sa-ko-la. Ari engang anu ditungtungan ku konsonan disebut engang tutup, contona: ban-téng, kam-pak. Kecap basa Sunda bias diwangun ku engang buka kabéh,engang tutup kabéh, atawa kombinasi engang buka jeung engang tutup.

b. Adegan Engang
Kecap dina basa Sunda bias diwangun ku hiji engang atawa leuwih.Contona:
- hiji engang : bray, jung, pok, cing
- dua engang : a-ya, du-a, ba-lik, pen-crong
- tilu engang : a-yeu-na, sa-la-met, ka-la-pa, ma-ngan-deuh
- opat engang : ka-la-mé-ro, ba-la-ngan-trang, ta-la-wéng-kar, bi-bi-lin-tik
- lima engang : ba-la-ga-dig-deug, bé-lé-ké-té-pé, ma-ra-ka-yang-an, me-re-ke-de-weng, mo-ro- ko-dok-dok

Sakumaha panjangna ogé kecap, engangna mah mibanda adegan anu basajan. Engang dina basa Sunda bisa diwangun ku hiji vokal atawa gabungan vokal jeung konsonan. Tapi euweuh anu diwangun ku hiji konsonan wungkul. Sangkan leuwih tétéla, perhatikeun bagan di handap! Vokal ditandaan ku K, sarta conto-conto kecap nu ngandung éta adengan engang, di hareup, di tengah, atawa di tukang.

No. Adegan engang, conto dina kecap
Di hareup, di tengah, di tukang

1. V a-ya, bi-a-sa, sa-ti-a
i-ra-ha, ka-u-la, ca-u

2. VK ab-di, su-ang-kung, pi-it
im-bit, sa-ém-ba-ra, sa-ur

3. KV ba-pa, ka-la-pa, war-ga
ti-suk, an-ti-eum, dang-ka

4. KVK ban-da, Ka-wen-tar, ba-tuk
cen-tok, pa-ran-ti, tum-pak

5. KKV pra-bu, sém-pra-ni, san-tri
sri-pang-gung, han-tri-wé-li, tam-bru

6. KKVK tres-na, kon-trak-tor, ban-drék
brang-ta, in-stan-si, kem-pléng

7. VKK ons, -, -
éks, - -

8. KVKK téks, - mo-dérn
Pérs, -, la-téks

9. KKKV stra-té-gi, in-stru-mén -
stra-ta, -, -

10. KKKVK struk-tur, in-struk-si, tran-skrip
skrip-si, -, -

11. KKVKK -, -, kom-pléks

12. KVKKK korps, - -


Adegan engang nomber 7 nepi ka 12, mangrupa pangaruh tina basa asing. Asup kana adegan engang basa Sunga pangpangna sabada urang merdéka.

17 komentar:

  1. thanks pisannnn ..
    it's useful for me ..
    thank you !!
    :)

    -do&di-

    BalasHapus
  2. sangat berguna buat kita semua yang mau belajar bahasa sunda. terima kasih.

    BalasHapus
  3. Ehhhh min , arti artinya OTONG teh naon

    BalasHapus
  4. Sangat membantu bagi yg belum paham basa sunda

    BalasHapus
  5. Suku kecap enggang tina kecap pengalaman nyaeta ?

    BalasHapus
  6. Kecap anu opat engang
    A. Sakola
    B. pakakas
    C. Upacara

    BalasHapus
  7. Assalamu'alaykum warahmatullahi wabarokatuh,kalo " piara" itu berapa engang ? Hatur nuhun

    BalasHapus
  8. Suku kecap engang tina kecap tatangkalan nu bener nyaeta

    BalasHapus
  9. Makasihh banyakkk udh ngebantu kak

    BalasHapus