Sabtu, 23 Februari 2008

Ngarucat Engang

c. Ngarucat Engang
Ngarucat engang téh nyaéta misahkeun kecap dumasar kana engangna. Tangtu baé henteu sagawayah. Salian ti kudu luyu jeung adegan engangna téh, kudu luyu jeung éjahan deuih. Aturan ngarucat engang dumasar kana Palanggeran Éjahan Basa Sunda, nyaéta:

1.Ngarucat engang dina kecap asal
1)Lamun di tengah kecap aya dua vokal anu ngantét, misahkeunana kudu di atara éta dua vokal.

Contona: sa-ir
da-un
bi-a-ya
su-a-sa-na
2)Lamun di tengah kecap aya konsonan di antara dua vokal, misahkeunana kudu saméméh éta konsonan.
Contona: a-ya
ha-yang
ka-la-pa
lé-lé-wo-déh
a-yeu-na
3)Lamun di tengah kecap aya dua konsonan atawa leuwih anu ngantét, misahkeunana di antara konsonan kahiji jeung konsonan kadua.
Contona: tib-ra
seg-rok
ban-drék
in-struk-si
kom-pléks

2.Ngarucat engang dina kecap rundayan.
1)Rarangkén tukang, jeung partikel anu biasa ditulis dihijikeun jeung kecap dasarna dipisahkeunana kudu mandiri.
Contona: pi-in-dung
ti-lu-an
kum-bah-eun
di-ba-lang-keun
ka-ta-lan-jur-an
2)Rarangkén hareup, rarangkén tukang, jeung partikel nu ngalaman parobahan wangun ditulis saperti kieu:
pa-na-nya
pa-nga-la
pa-nga-we-ruh
da-har-eun-a-na
ti-lu-an-a-na
3)Rarangkén tengah nu ditulis ngantét jeung kecap asalna, ngarucat saperti ngarucat kecap asal.
Contona: da-la-har
gu-meu-lis
ba-ra-la
gi-nan-jar
si-na-reng
4)Rarangkén tengah anu robah jadi rarangkén hareup dianggap rarangkén hareup.
Contona: um-a-mis
ar-u-lin
ar-ang-kat
al-u-dur
um-am-bon

3. Ngarucat engang serepan
Ngarucat engang serepan diluyukeun jeung katangtuan di luhur.
Contona: in-struk-si
kon-struk-si
kon-fék-si
a-ku-a-ri-eum
ko-ali-si

Tidak ada komentar:

Posting Komentar