Minggu, 24 Maret 2013

Kecap Kantétan


a.      Perkara Kecap Kantétan

Perhatikeun conto kalimah di handap!

(1)    Kang Adud keur muril-muril kumis.
(2)    Kang Adud keur mraban ucing.
(3)    Kang Adud keur ngagodog kumis ucing.

Dina kalimah di luhur, aya kecap-kecap kumis, ucing, jeung kumis ucing. Tiluanana mibanda harti anu teu sarua, sanajan kecap kumis ucing mangrupa gabungan tina kecap kumis jeung ucing.

Sangkan leuwih tétéla, urang pedar hartina hiji-hijina:
-          Kumis, bulu luhureun biwir
-          Ucing, ngaran sato nu sukuna opat
-          Kumis ucing, ngaran tutuwuhan nu sok dipake ubar.

Jadi, sanajan mangrupa kantétan tina kecap kumis jeung ucing, kecap kumis ucing mibanda harti anyar nu  mandiri. Tah, anu kitu téh disebutna kecap kantétan.

Pikeun nganyahokeun kecap kantétan lainna, bisa ditilik tina ciri-cirina, di antarana:
1)      Mibanda harti anu béda tina masing-masing unsur pangwangunna. Contona kecap kumis ucing tadi. Henteu bisa dihartikeun kumis nu ucing atawa kumis nu aya dina luhureun biwir ucing.
2)      Runtuyan unsur-unsurna henteu bisa dirobah, umpamana baé:
-          dirobah éntép-seureuhna jadi: ucing-kumis;
-          diselapan unsur séjéna, jadi: kumis nu ucing, kumis dina ucing, jeung sajabana.
3)      Upama dirarangkén keuna kana sagemblengna unsur kecapna, upamana baé: kumisucingna, kakumisucingan, dikumisucingan, teu bisa jadi: kumisna ucing, kakumisan, ucing, kumis diucingan, jeung sajabana.
4)      Upama dirajék keunna kana sagemblengna unsur kecapna, upamana: kukumisucingan, kumis ucing-kumis ucing. Teu bisa jadi: kukumisan ucing, kumis-kumis ucing-ucing, kumis ucing-ucingan.

Naon atuh ari kecap kantétan téh?
Kecap kantétan nyaéta kecap anu diwangun ku cara ngantétkeun kecap jeung kecap, kecap jeung cakal, atawa  cakal jeung cakal, sarta mibanda harti mandiri anu béda jeung unsur-unsur pangwangunna.

Di handap aya sawatara conto kecap kantétan dumasar kana cara pikeun pangwangunna:
1)      Kantétan kecap jeung kecap, contona: julang ngapak, héjo tihang, randamidang, panonpoé, beureum panon.
2)      Kantétan kecap jeung cakal, contona: kurang ajar, garo singsat, anjang sono, kagok asong, kunang iteuk.
3)      Kantétan cakal jeung cakal, contona: adug lajer, pakan kundang, adung songkol, huleng jentul, halang rintang.
4)      Kantétan kecap jeung morfem unik, contona: sabar darana, hésé béléké, bérés roés, keukeuh peuteukeuh.
5)      Kantétan nu susunan unsur pangwangunna henteu sagemblengna produktif, contona: dulang tinandé; euweuh boboko tinandé atawa halu tinandé, burusut tuluy; euweuh barakatak tuluy atawa torojol tuluy.

b.     Kecap Kantétan Éndoséntris jeung Éksoséntris

1.    Kecap Kantétan Éndoséntris

Perhatikeun kalimah di handap!
(1) Kang Dadan ngadahar sangu poé.
(2)  Kang Dadan ngadahar sangu.

Dina conto kalimah di luhur aya kecap sangu poé jeung sangu. Kecap sangu poé mangrupa kecap kantétan. Ari kecap sangu mangrupa salahsahiji unsur pangwangun kecap kantétan.

Dina conto kalimah di luhur, boh kecap sangu poé (1), boh kecap sangu (2) mibanda distribusi anu sarua (sabagé objék). Bisa disebutkeun kieu: salahsahiji unsur pangwangunna mibanda distribusi  (nyicingan tempat) nu sarua dina kalimah jeung kecap kantétanna. Kecap kantétan anu kitu, disebut kecap kantétan éndosentris atawa kecap kantétan rakitan anggang.

Conto sejénna, kecap imut kanjut. Geura urang larapkeun dina kalimah:
(1) Nénjo kalakuan anakna, Mang Karsim imut kanjut.
(2)  Nénjo kalakuan anakna, Mang Karsim imut.

Kecap imut (unsur pangwangun kecap kantétan) nyicingan tempat anu sarua dina kalimah jeung kecap imut-kanjut (kecap kantétanana).

Anu kaasup kecap kantétan éndosentris, di antarana:
- sangu poé
- méja makan
- buku tulis
- korsi goyang
- careuh bulan
- jeruk garut
- hayam camani
- kacang panjang
- batik tulis
- sapédah mini
- pokék bogél

- seuri konéng
- imut kanjut
- peureum hayam
- sabar darana
- keukeuh peuteukeuh
- bérés roes
- hideung santen
- konéng langsep
- beureum euceuy
- konéng umyang
- cupumanik
 
2.    Kecap Kantétan Éksoséntris

Perhatikeun kalimah di handap!
(1) Kuring rék ngala randamidang keur lalab.
(2)  Kuring rék ngala randa keur lalab.
(3) Kuring rék ngala midang keur lalab.

Dina conto kalimah di luhur aya kecap-kecap randamidang, randa, jeung midang. Kecap randamidang mangrupa kecap kantétan. Ari kecap randa jeung midang mangrupa unsur pangwangun kecap kantétan.

Perhatikeun cicingna éta kecap-kecap dina kalimah. Tétéla, kecap randa jeung midang henteu bisa nyicingan tempat anu sarua jeung kecap randamidang dina kalimah. Bisa disebutkeun kieu: sakabéh unsur pangwangunna henteu mibanda distribusi (bisa nyicingan tempat) anu sarua jeung kecap kantétanana. Anu kitu disebut kecap éksoséntris atawa kecap kantétan rakitan dalit.

Conto séjéna kecap badak heuay. Geura urang larapkeun dina kalimah.
(1)  Imah Mang Hamid maké suhunan badak heuay.
(2)  Imah Mang Hamid maké suhunan badak.
(3)  Imah Mang Hamid maké suhunan heuay.

Kecap kantétan badak heuay kaasup kecap kantétan éksoséntris.
Conto séjénna:
- kacapiring
- julang ngapak
- jogo anjing
- amis budi
- pecah beling
- cukang beurit
- cacag lauk
- poros nangka
- sinyo bangor
- kurung batok
- beureum panon
- amis cau
- dulang tinandé
- gurat batu
- balas bogo
- meupeus keuyang
- kembang buruan
- garuda ngupuk
- nagasari
- putri noong

Sumber: (Drs. Budi Rahayu, Tamsyah, Spk., Galuring Basa Sunda, Pustaka Setia, Bandung)

1 komentar: