Sabtu, 12 April 2008

Diajar Basa Sunda (Rarangkén Tengah -um-)

3. Rarangkén Tengah –um-

Rarangkén tengah –um- mibanda alomorf –um, upama wangun dasarna dimimitian ku vokal (aksara hirup).

Contona:
amis + -um- = umamis
aing + -um- = umaing

Guna jeung hartina, di antarana:
1. ”Saméméh lumampah téh kudu dirarancang heula.”
Rarangkén –um-, dinu kecap lumampah gunana ngawangun kecap pagawéan (aktip) nu hartina ’ngalakukeun...’.
Conto séjéna: lumaku, sumujud

2. ”Ayeuna kuring téh keur kumawula ka Haji Rendi.”
Rarangkén –um-, dinu kecap kumawula gunana ngawangun kecap pagawéan (aktip) nu hartina ’ngalakukeun pagawéan salaku...’.

3. ”Urang téh teu hadé gumantung waé ka kolot.”
Rarangkén –um-, dinu kecap gumantung gunana ngawangun kecap pagawéan (aktip) nu hartina ’dina kaayaan...’.
Conto séjéna: gumulung, tumamprak, sumerah

4. ”Manéhna datang ka dieu bari lumengis.”
Rarangkén –um-, dinu kecap lumengis gunana ngawangun kecap pagawéan (aktip) nu hartina ’ngalakukeun tuluy-tumuluy/remen...’.
Conto séjéna: rumahuh, jumerit, sumegruk

5. ”Gedang téh geuning geus gumading.”
Rarangkén –um-, dinu kecap gumading gunana ngawangun kecap sipat nu hartina ’boga sipat/saperti...’.
Conto séjéna: humaseum, lumého, kumincir, umamis

6. ”Kuring mah teu resep ka awéwé nu gumeulis téh.”
Rarangkén –um-, dinu kecap gumeulis gunana ngawangun kecap sipat nu hartina ’boga rasa/kalakuan saperti nu...’.
Conto séjéna: umaing, gumede, gumasep

7. ”Kuring mah teu rumasa salah.”
Rarangkén –um-, dinu kecap rumasa gunana ngawangun kecap sipat nu hartina ’boga...’.

11 komentar: