Selasa, 01 April 2008

Diajar Basa Sunda-Rarangkén hareup (neraskeun)

13. Rarangkén Hareup si-
Guna jeung harti rarangkén hareup si- di antarana:
1. ”Kuring dititah sideku ku manéhna.”
Rarangkén si- dina kecap sideku gunana ngawangun kecap pagawéan (aktip) nu hartina ’ngalakukeun...’.
Conto séjéna: sidakep

2. ”Isuk-isuk téh kudu mandi, ulah sibeungeut wungkul.”
Rarangkén si- dina kecap sibeungeut gunana ngawangun kecap pagawéan (aktip) nu hartina ’migawé keur sorangan’.
Conto séjéna: sidéang


14. Rarangkén Hareup silih-
Rarangkén hareup silih- boga alomorf sili- jeung pili-.
Guna jeung hartina:
”Kang Jaja jeung Mang Juhe silihpelong.”
Rarangkén silih- gunana ngawangun kecap pagawéan (aktip) nu hartina ’pabales-bales’.
Conto séjéna: silihteunggeul atawa siliteunggeul, silihtajong atawa silitajong, silihgenti atawa siligenti


15. Rarangkén Hareup ti-
Guna jeung harti rarangkén hareup ti- di antarana:
1. ”Amir titajong kana batu.”
Rarangkén ti- dina kecap titajong gunana ngawangun kecap pagawéan (aktip) nu hartina ’kalakuan teu kahaja’.
Conto séjéna: tidagor, tijalikeuh

2. ”Di Lebakjero aya treuk tibalik.”
Rarangkén ti- dina kecap tibalik gunana ngawangun kecap sipat nu hartina ’aya dina kaayaan...’.
Conto séjéna: titeuleum


16. Rarangkén Hareup ting/pating-
Rarangkén hareup ting- mibanda alomorf pating-, nu guna jeung hartina sarua.
Guna jeung harti rarangkén ting-, di antarana:

1. ”Barudak awéwé tinggerendeng di juru.”
Rarangkén ting- dina kecap tinggerendeng gunana ngawangun kecap pagawean (aktip) nu hartina ’loba anu ngalakukeun...’.
Conto séjéna: tinggorowok, tingcikikik, jeung tingcéréwét

2. ”Lampu-lampu katénjona ti kajauhan tingkaretip.”
Rarangkén ting- dina kecap tingkaretip gunana ngawangun kecap sipat nu hartina ’loba jeung tuluy-tumuluy atawa bareng dina kaayaan...’.
Conto séjéna: tingsérédét, tingburinyay

Tidak ada komentar:

Posting Komentar