Sabtu, 12 April 2008

Rarangken Tengah -in- (Diajar Basa Sunda)

Guna jeung harti rarangkén tengah –in-, di antarana:
1. ”Sagala rupa ogé kudu aya perjanjian tinulis.”
Rarangkén –in-, dinu kecap tinulis gunana ngawangun kecap pagawéan (pasip) nu hartina ’geus kakeunaan ku...’.
Conto séjéna: sinerat, ginanjar

2. ”Mudah-mudahan hidep sing pinanggih jeung kabagjaan.”
Rarangkén –in-, dinu kecap pinanggih gunana ngawangun kecap pagawéan (aktip) nu hartina ’aya dina kaayaan...’.
Conto séjéna: tinemu

3. ”Prabu Yudistira téh kawéntar raja sinatria.”
Rarangkén –in-, dinu kecap sinatria gunana ngawangun kecap sipat nu hartina ’boga sipat...’.
Conto séjéna: pinandita

4. ”Upami aya waktos, tinangtos abdi ogé dongkap.”
Rarangkén –in-, dinu kecap tinangtos gunana ngawangun pancén nu mangrupa ’mamanis.’
Conto séjéna: sinareng

38 komentar:

  1. Amun Tangtos Ditambah In Jadii Naon Bos

    BalasHapus
  2. Contoh rarangken tengah In apa?

    BalasHapus
  3. Pami rarangken tengah in kngge ngajar naon ny,nhun

    BalasHapus
  4. Ada satu lagi gak jawaban nya

    BalasHapus
  5. Komentar ini telah dihapus oleh pengarang.

    BalasHapus
  6. 1 lagiii
    Ay pengen 1 contoh lagehhh🥺

    BalasHapus
  7. Tolong sinambung dong kalimatnya apa

    BalasHapus
  8. Kang contoh kalimah Tina kecap tinemu kumaha ?

    BalasHapus