Senin, 28 April 2008

Learning Sundanese (Rarangkén Tukang)

C. Rarangkén Tukang
Rarangkén tukang nyaéta rarangkén anu ngantét tukangeun wangun dasarna. Rarangkén tukang dina basa Sunda di antarana: -an, -eun, -ing/ning, -keun, jeung –na.


1. Rarangkén Tukang -an
Guna jeung harti rarangkén tukang –an di antarana:


a. ”Kamari kuring ngaliwat ka sakolaan Téh Azka.”
Rarangkén –an dina kecap sakolaan gunana ngawangun kecap barang anu hartina ’tempat...’
Conto séjéna: kuburan

b. ”Tah ieu puisi téh karangan Jang Adud.”
Rarangkén –an dina kecap karangan gunana ngawangun kecap barang anu hartina ’hasil...’
Conto séjéna: tulisan, catetan, jeung paisan

c. ”Dagangan kuring mah geus payu kabeh.”
Rarangkén –an dina kecap dagangan gunana ngawangun kecap barang anu hartina ’anu di ... -keun’
Conto séjéna: omongan, caritaan

d. ”Jang, nginjeum kiloan sakeudeung ka Mang Qomar!”
Rarangkén –an dina kecap kiloan gunana ngawangun kecap barang anu hartina ’parabot/nu dipake...’
Conto séjéna: méteran, takeran, jeung timbangan

e. ”Ambéh téréh mah urang ngaloték atahan baé.”
Rarangkén –an dina kecap atahan gunana ngawangun kecap barang anu hartina ’boga sipat...’
Conto séjéna: asakan

f. ”Agama Islam téh mangrupa ageman umumna urang Sunda.”
Rarangkén –an dina kecap ageman gunana ngawangun kecap barang anu hartina ’anu di...’
Conto séjéna: ajian, ceungceuman

g. ”Pung biang nganggo sinjang garutan.”
Rarangkén –an dina kecap garutan gunana ngawangun kecap barang anu hartina ’hasil/asal ti...’
Conto séjéna: tasikan, cirebonan

h. ”Ilo ku hidep bacaan ti handap.”
Rarangkén –an dina kecap bacaan gunana ngawangun kecap barang anu hartina ’anu bisa di...’

i. ”Cokotan deui urutna bisi laleungitan.”
Rarangkén –an dina kecap cokotan gunana ngawangun kecap pagawéan (pasip) anu hartina ’nitah supaya di...’
Conto séjéna: bawaan, alaan, jeung pulungan

j. ”Lamun aya nu cilaka téh buru-buru tulungan.”
Rarangkén –an dina kecap tulungan gunana ngawangun kecap pagawéan (pasip) anu hartina ’nitah supaya dibéré...’
Conto séjéna: bantuan, wakilan, jeung talangan

k. ”Kang Robi keur latihan ménbal di Situbatu.”
Rarangkén –an dina kecap latihan gunana ngawangun kecap pagawéan (aktip) anu hartina ’ngalakukeun...’

l. ”Lamun aya anjing mah urang paéhan wé ku saréréa.”
Rarangkén –an dina kecap paéhan gunana ngawangun kecap pagawéan (pasip) anu hartina ’supaya dijadikeun...’
Conto séjéna: gedéan, leutikan, alusan, jeung konéngan


m. ”Kang Jaja mah jalma daékan.”
Rarangkén –an dina kecap daékan gunana ngawangun kecap sipat anu hartina ’boga sipat/bakat...’
Conto séjéna: wanian, babarian, éraan, jeung kampungan

n. ”Néng Rina téh katémbongna beuki cahayaan baé.”
Rarangkén –an dina kecap cahayaan gunana ngawangun kecap sipat anu hartina ’boga..’
Conto séjéna: komaraan, bapaan, jeung anakan

o. ”Kendangan atuh ambéh ngeunaheun.”
Rarangkén –an dina kecap kendangan gunana ngawangun kecap pagawéan (pasip) anu hartina ’nitah supaya maké...’
Conto séjéna: laguan, caian, bajuan, jeung tiungan

p. ”Mang Idris mah babari késangan.”
Rarangkén –an dina kecap késangan gunana ngawangun kecap sipat anu hartina ’kaluar/bijil...’
Conto séjéna: cimataan, léhoan, jeung getihan

q. ”Pa Hamid mah beunghar, mundingna oge puluhan.”
Rarangkén –an dina kecap puluhan gunana ngawangun kecap bilangan anu hartina ’gundukan/sababaraha...’
Conto séjéna: ratusan, rébuan, jeung lima ratusan

r. ”Anu datang téh ngan tiluan.”
Rarangkén –an dina kecap tiluan gunana ngawangun kecap bilangan anu hartina ’kumpulan/ ... urang’
Conto séjéna: limaan, sapuluhan, jeung sabelasan

Tidak ada komentar:

Posting Komentar