Kamis, 19 Agustus 2010

Bahasa Sunda: Kecap Rajékan (Lanjutan)

a. Kecap Rajékan Dwipurwa

Kecap rajékan dwipurwa nyaéta kecap rajékan anu diwangun ku cara nyebut dua kali engang mimiti wangun dasarna (dwi = dua, purwa = mimiti).

Guna jeung hartina, di antarana:

(1) “Pa Kohar téh kokolot di Situbatu.”

Ngarajék dwipurwa di dinya gunana ngawangun kecap barang nu hartina ‘anu dianggap …’.

Conto séjéna: sesepuh, pupuhu, papayung.

(2) “Mang Karsim keur meunang papait.”

Ngarajék dwipurwa di dinya gunana ngawangun kecap barang nu hartina ‘anu boga sipat …’.

Conto séjéna: mamanis, kokotor.

(3) “Bu Euis téh bade ngagaleuh sosoca.”

Ngarajék dwipurwa di dinya gunana ngawangun kecap barang nu hartina ‘anu boga sipat saperti …’.

Conto séjéna: mamata, babatok, bubuntut, jajantung.

(4) “Kamar téh kudu make pipinding deui.”

Ngarajék dwipurwa di dinya gunana ngawangun kecap barang nu hartina ‘anu dipaké …’.

Conto séjéna: cocolok, cacantél, susuguh, papaés.

(5) “Tungtungna mah Pa Hamid ogé ukur bias gogodeg.”

Ngarajék dwipurwa di dinya gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ‘sababaraha kali/lila …’.

Conto séjéna: tatajong, babagi, teuteunggeul.

(6) “Balikna mah Néng Rina téh teu bébéja heula.”

Ngarajék dwipurwa di dinya gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ‘méré/nepikeun …’.

Conto séjéna: wawartos, paparéntah, cacarita.

b. Kecap Rajékan Dwimadya

Kecap rajékan dwimadya (dwi = dua, madya = tengah) nyaéta kecap rajékan anu diwangun ku cara nyebut dua kali engang di tengah-tengah wangun dasarna.

Guna jeung hartina:

“Geus sababaraha kali manéhna datang ka dieu.”

Ngarajék dwimadya gunana ngawangun kecap bilangan nu hartina ‘mindeng/loba …’.

c. Kecap Rajékan Dwimurni

Kecap rajékan dwimurni (dwi = dua, murni = asli, tulén) nyaéta kecap rajékan anu diwangun ku cara nyebut dua kali wangun dasarna.

Guna jeung hartina:

(1) Buku-buku ngabayak di kamarna.”

Ngarajék dwimurni di dinya gunana ngawangun kecap barang nu hartina ‘loba/rupa-rupa …’.

Conto séjéna: guru-guru, jalma-jalma, gunung-gunung.

(2) Pa Oding keur nyieun kaca-kaca.”

Ngarajék dwimurni di dinya gunana ngawangun kecap barang nu hartina ‘boga sipat saperti …’.

Conto séjéna: kuda-kuda.

(3) “Bieu aya aki-aki nanyakeun Téh Enung.”

Ngarajék dwimurni di dinya gunana ngawangun kecap barang nu hartina ‘rupana saperti …’.

Conto séjéna: nini-nini


(Drs. Budi Rahayu Tamsyah, Spk. - Galura Basa Sunda, Pustaka Setia)

14 komentar:

  1. nuhun , kabantosan tugas sakola !!! :-D

    BalasHapus
  2. isi blog nya bagus . bisa membantu tugas sekolah .
    ~~Hatur Nuhun~~

    BalasHapus
  3. Blognya bagus makasih.
    Membantu buat tugas sekolah

    BalasHapus
  4. makasih atas bantuan nya :_ ..

    BalasHapus
  5. Trmksh
    Ini ngebantu bngt bwt tugas sklh:)

    BalasHapus
  6. Trmksh
    Ini ngebantu bngt bwt tugas sklh:)

    BalasHapus
  7. Ini buat tidur bagus bacaanya

    BalasHapus
  8. aku gk faham nih.. ada yg bisa kasih masukan..
    buat nyusun kalimat pake kecap rekjekan dwipurwa contohnya.. papaes

    BalasHapus
  9. Gshdbdjejrhhffhhfhfhhrhrjdjajxbfjrjsjfjfjjffnhfjcjejdhfhjdhehdhbfhrkwjejhdjejehehehhebrjdhfjbebejfbnfjdnejdjejejnebdjchdbfjfhjrhejdjdjrjrjdh

    BalasHapus