Senin, 30 Agustus 2010

Kajembaran Basa

Lentera Basa, Herdiana CA, spk – Yayasan Babul Khoer Al-Islami, Bandung, Jawa Barat, Indonesia)

Kajembaran Basa

1. Ngaran Anak Sasaton (sawaréh geus tara dipaké dina obrolan)

Anak anjing = kirik/kicik

Anak bandeng = nénér

Anak buaya = bocokok

Anak bogo = cingok

Anak éntog = titit

Anak gajah = ménél

Anak japati = piyik

Anak keuyeup = boncérét

Anak kukupu = hileud

Anak lélé = nanahaon

Anak lubang = leungli

Anak monyét = begog

Anak bagong = begu

Anak banténg = bangkanang

Anak belut = kuntit

Anak deleg = boncél

Anak embé = cémé

Anak hayam = ciak

Anak kancra = badak

Anak kuda = belo

Anak lauk = burayak

Anak maung = juag

Anak munding = énéng

Anak reungit = utek-utek

Anak ucing = bilatung

2. Sora Sasatoan

Anjing = ngagogog, nyungungung, babaung

Bagong = sesegrok

Domba/ embé = ngabérélé

Entog/meri =ngawékwék

Gagak = ngelak

Hayam = kongkorongok (jalu), kokotak (bikang)

Kuda = ngahiem

Manuk = ricit/recét

Maung = ngagerem/ngagaur

Reungit = ngahieng

Tikukur/titiran = ngantuk (disada terus-terusan)

3. Pakarang Sasatoan

Badak = cula

Bagong = sihung

Banténg = tanduk

Buaya = buntut

Embé/domba = tanduk

Gajah = gading, tulalé

Hayam jago = siih

Kalajengking = panyeureud

Kamarang = panyereureud

Kapiting = panyapit

Landak = cucuk

Lélé pamatil

Maung = kuku jeung sihung

Munding = tanduk

Nyiruan = panyeureud

Oray = peurah

Sapi = tanduk

Singa = kuku jeung sihung

Tawon/tiwun = panyeureud

Ucing = kuku

Uncal = tanduk

4. Kekembangan

Waluh = aléwoh

Jeruk = angkrik

Bolang = ancal

Eurih = ancul

Tiwu = badaus

Konéng badul

Bako = bosongot

Cabé = bolotot

Hoé = bubuay

Lopang = cacas

Kaso = curiwis

Sampeu = dingdet

Genjér = gélényé

Gedang = ingawung

Laja = jamotrot

Jaat = jalingger

Limus = séléksék

Cikur = jelenggut

Cau = jantung

Jambu batu = karuku

Jambu aer = lenyap

Jambé = mayang

Jéngkol = mérékényényén

Térong = moncorong

Kadu = olohok

Peuteuy = pendul

Céngék = méncéngés

Kulur = pelepes

Leunca = pengit

Kawung = pengis

Jotang = puntung

Muncang = rinduy

Paré = ringsang

Bawang = ulated

5. Kandang/Tempat

Kandang hayam/domba/embé = paranjé

Kandang japati = pagupon

Kandang kuda = istal = gedogan

Kandang/tempat lauk = buleng

Kandang maung (sato galak) = karangkéng/garogol

Kandang munding = pakandangan/karapyak

Kandang manuk = kurung

6. Tukang/Patukangan

Anjun = tukang nyieun parabot tina taneuh

Bujangga = tukang nyieun/nulis carita

Candoli = tukang ngajaga pabéasan dina hajat

Gending = tukang nyieun parabot tina kuningan

Kabayan = tukang dititah ka ditu ka dieu

Kamasan = tukang nyieun pahiasan tina emas

Kuncén = tukang ngurus kuburan

Legig = tukang ngasruk dina pamoroan

Malim = tukang meruhkeun sato galak

Maranggi = tukang nyieun sarangka keris

Nyarawedi = tukang ngagosok permata

Pakacar = tukang ngaladenan/bubujang

Palédang = tukang nyieun parabot tina tambaga

Palika = tukang teuleum

Pamatang = tukang moro ngagunakeun tumbak

Pamayang = tukang ngala lauk di laut

Panday = tukang nyieun parabot tina beusi

Paneresan = tukang nyadap

Paninggaran = tukang moro ngagunakeun bedil

Sarati = tukang ngusir/meruhkeun gajah

7. Parbot/Pakakas

Arit = paragi ngala jukut/pare

Aseutik = paragi ngaseuk

Ancun = paragi ngakut es kacang

Balincong = paragi nugar

Baliung = papakas anu bias dijieun patik/rimbas

Bandring = paragi malédogkeun batu

Bedog = paragi ngadek

Congkrang = paragi nyacar

Dekol = paragi ngadek tur bias dipake nakol

Etem = paragi ngala paré (dibuat)

Gacok = paragi nugar

Gaet = paragi ngait nu beurat tur digagangan

Gegendir = paragi neunggeul nu beurat

Gubang = saperti bedog tapi panjang

Gondewa = paragi mentang jamparing

Jara = paragi ngaliangan awi

Jamparing = panah

Kikir = paragi ngasah ragaji

Kored = paragi miceun jukut di kebon

Kujang = pakarang urang Sunda baheula

Parang = paranti ngababad jukut dina galeng

Sumpit = paranti ngala lauk dijieunna tina tamiang

Sundung = paragi ngawadahan jukut

Carangka = paragi ngawadahan jukut

Tidak ada komentar:

Posting Komentar