Kamis, 08 Mei 2008

Learning Sundanese (Rarangkén Tukang-eun)

2. Rarangkén Tukang -eun

Guna jeung harti rarangkén tukang –eun di antarana:
1. ”Di imah Mang Hamid mah loba dahareun.”
Rarangkén –eun dina kecap dahareun gunana ngawangun kecap barang anu hartina ’anu rék/anu bisa di...’
Conto séjéna: beulieun, bawaeun, alaeun, jeung jualeun

2. ”Kuring dititah meuli sambeleun ku ema.”
Rarangkén –eun dina kecap sambeleun gunana ngawangun kecap barang anu hartina ’bahan/anu bisa dijieun...’
Conto séjéna: rujakeun, sayureun, jeung seupaheun

3. ”Menéna diuk gigireun kuring.”
Rarangkén –eun dina kecap gigireun gunana ngawangun kecap barang anu hartina ’tempat/arah di...’
Conto séjéna: handapeun, luhureun, tukangeun, jeung kéncaeun

4. ”Ulah loba teuing dahar jéngkol, bisi jéngkoleun.”
Rarangkén –eun dina kecap jéngkoleun gunana ngawangun kecap barang anu hartina ’kasakit’
Conto séjéna: cacingeun, hileudeun

5. ”Ari jadi kiper téh ulah jantungeun atuh.”
Rarangkén –eun dina kecap jantungeun gunana ngawangun kecap sipat anu hartina ’boga sipat/bakat...’
Conto séjéna: kuuleun, cacingeun, jeung peujit koréseun

6. ”Buru-buru atuh mandi téh bisi tinggaleun ku batur.”
Rarangkén –eun dina kecap tinggaleun gunana ngawangun kecap sipat anu hartina ’dina kaayaan...’
Conto séjéna: leungiteun, barieukeun

7. ”Manéhna téh éraeun nu matak teu kadieu ogé.”
Rarangkén –eun dina kecap éraeun gunana ngawangun kecap sipat anu hartina ’jalma katilu dina kaayaan...’
Conto séjéna: daekeun, hayangeun, embungeun, jeung ngéwaeun

8. ”Kuring enggeus, ayeuna kari manéheun kaul.”
Rarangkén –eun dina kecap manéheun gunana ngawangun kecap sipat anu hartina ’bagian...’
Conto séjéna: kuringeun, batureun

Tidak ada komentar:

Posting Komentar