Kamis, 05 Juni 2008

D. Rarangkén Barung

Rarangkén barung nyaéta rarangkén anu dipakéna babarengan geusan ngawangun guna (fungsi) jeung harti kecap. Ciri utama rarangkén barung nyaéta: upama salahsahiji rarangkénna dilaan, éta kecap téh teu bisa madeg mandiri.

Kadé pahili jeung rarangkén gabung!
Ari rarangkén gabung mah mangrupa gabungan dua rarangkén atawa leuwih anu ngawangun guna jeung harti kecapna henteu babarengan. Cirina: upama salah sahiji rarangkénna dilaan, tetep mibanda harti mandiri. Bisa disebutkeun kieu: rarangkén anu digabungkeun kanu wangun dasar anu geus dirarangkénnan. Jadi henteu babarengan cara dina rarangkén barung.

Rarangkén barung dina basa Sunda di antarana: ka-an, pa-an, pang-keun, pi-eun, pika-, pika-eun, jeung sa-eun.

1. Rarangkén Barung ka-an
Guna jeung harti rarangkén barung ka-an, di antarana:
a. ”Urang kudu milu ngajaga kaamanan.”
Rarangkén ka-an, dina kecap kaamanan gunana ngawangun kecap barang anu hartina ’anu patali jeung ...’.
Conto séjénna: kaéndahan, kageulisan

b. ”Anu moal rugi mah dagang kaolahan.”
Rarangkén ka-an, dina kecap kaolahan gunana ngawangun kecap barang anu hartina ’anu di ...’.

c. ”Roti téh bubuk, kadiukan ku kuring.”
Rarangkén ka-an, dina kecap kadiukanan gunana ngawangun kecap pagawéan (pasip) anu hartina ’teu dihaja kakeunaan ku ...’.
Conto séjénna: kakotoran, kacaahan, kaancikan

d. ”Urang téh kudu ngaheulakeun kapentingan bangsa jeung nagara.”
Rarangkén ka-an, dina kecap kapentingan gunana ngawangun kecap barang anu hartina ’anu di - ... keun’.
Conto séjénna: kaperluan

e. ”Urang téh kudu daék narima kanyaataan.”
Rarangkén ka-an, dina kecap kanyataan gunana ngawangun kecap barang anu hartina ’anu sipatna ...’ .
Conto séjénna: kajayaan, kaagungan

f. ”Kang Édi kacopétan dinu beus kota.”
Rarangkén ka-an, dina kecap kacopétan gunana ngawangun kecap pagawéan (pasip) anu hartina ’teu dihaja kakeunaan ku pagawéan ...’ .
Conto séjénna: kabangsatan, kapalingan

g. ”Béjana di nagara batur mah masih kénéh aya nu kalaparan.”
Rarangkén ka-an, dina kecap kalaparan gunana ngawangun kecap pagawéan (pasip) anu hartina ’teu dihaja aya dinu kaayaan ...’ .
Conto séjénna: kakurangan

h. ”Salila ieu kabutuh kuring kacumponan ku ladang tani.”
Rarangkén ka-an, dina kecap kacumponan gunana ngawangun kecap pagawéan (pasip) anu hartina ’bisa di - an’.
Conto séjénna: katedunan

i. ”Kabuktian ayeuna mah, saha anu boga salah téh.”
Rarangkén ka-an, dina kecap kabuktian gunana ngawangun kecap sipat anu hartina ’bisa di - keun’.
Conto séjénna: kapastian

j. ”Kuring mah kabeneran wé itungan bener kabeh téh.”
Rarangkén ka-an, dina kecap kaberanan gunana ngawangun kecap sipat anu hartina ’teu dihaja ...’ .
Conto séjénna: kalepasan

k. ”Hayu urang indit, bisi kabeurangan.”
Rarangkén ka-an, dina kecap kabeurangan gunana ngawangun kecap sipat anu hartina ’teu dihaja kakeunaan ...’.
Conto séjénna: kapeutingan, kapanasan, katiisan

l. ”Kuring rék indit ka kacamatan.”
Rarangkén ka-an, dina kecap kacamatan gunana ngawangun kecap barang anu hartina ’tempat anu patali jeung ...’.
Conto séjénna: kadaleman, kabupaten (tina kabupatian)

4 komentar: