C. Kecap Rajékan
Perhatikeun conto kalimah di handap!(1) Kang Dadan tumpak kuda.
(2) Mang Idris keur nyieun kuda-kuda.
Dina kalimah di luhur aya kecap kuda jeung kuda-kuda. Duanana ogé mangrupa kecap barang.Tapi mibanda wangun jeung harti anu béda, ku lantaran geus kakeunaan ku prosés morfologis.
Kecap kuda ngandung harti ’sato anu sukuna opat’ , ari kecap kuda-kuda ngandung harti barang (pakakas) anu mirip kuda.
Wangunna, kecap kuda mangrupa kecap asal. Ari kecap kuda-kuda mangrupa kecap asal atawa wangun dasar anu disebut dua kali. Dina elmu basa, nyebut dua kali atawa leuwih wangun dasarna téh disebut ngarajék. Ari hasilna disebut kecap rajékan.
Tah, kecap kuda-kuda kaasup kana kecap rajékan. Conto séjénna: imah-imah, kotak-kotak, aki-aki, jeung bapa-bapa.
Conto di luhur kabéh ogé mangrupa kecap rajékan sagemblengna. Salian ti éta, aya deui kecap rajékan sabagian, boh bagian hareupna, boh bagian tengahna. Contona: tatajong, babagi, jeung sababaraha.
Kumaha carana nangtukeun, yén hiji kecap téh kecap rajékan atawa lain?
Perhatikeun conto kalimah di handap!
(3) Pa Karjo keur ngala papatong.
Dina kalimah di luhur aya kecap papatong, kecap anu bagian hareupna disebut dua kali. Naha éta téh kecap rajékan?
Pikeun nangtukeunana, urang talék dumasar kana prosés morfologisna.
a) naha wangunna robah?
b) naha mibanda kagunaan ngawangun warna kecap?
c) naha ngwangun harti anyar?
Pikeun ngajawab patalékan kahiji, téangan wangun dasarna! Naha aya kecap patong. Dina basa Sunda, euweuh kecap patong. Lamun kitu tangtu baé moal ngawangun warna kecap jeung harti anyar. Hartina, kecap papatong téh lain kecap anu wangun dasarna disebut dua kali hasil ngarajék. Anu kitu disebutna kecap rajékan semu.
Conto séjénna: kukupu, pipiti, téténong, cika-cika, kini-kini
Tidak ada komentar:
Posting Komentar