Sabtu, 07 Juni 2008

Sundanese Language-Rarangkén Barung (neraskeun)

2. Rarangkén Barung pa-an
Guna jeung hartina, di antarana:
(1) ”Henteu loba paguyuban anu henteu bagerak dina widang budaya mah.”
Rarangkén pa-an, dina kecap paguyuban gunana ngawangun kecap barang anu hartina ’hal anu patali jeung ...’.
Conto séjénna: pakumpulan

(2) ”Di Tegalpari ogé ayeuna geus aya pakampungan.”
Rarangkén pa-an, dina kecap pakampungan gunana ngawangun kecap barang anu hartina ’gundukan ...’.
Conto séjénna: pasawahan

(3) ”Ma Icih keur nyokot béas ti pabéasan.”
Rarangkén pa-an, dina kecap pabéasan gunana ngawangun kecap barang anu hartina ’tempat ...’.
Conto séjénna: pamandian, pakandangan, jeung pangangonan

(4) ”Manéna téh geus lila teu boga pakasaban.”
Rarangkén pa-an, dina kecap pakasaban gunana ngawangun kecap barang anu hartina ’hal anu jadi...’.
Conto séjénna: pausahaan, pacabakan

(5) ”Ulah babarengan jeung jelema pamabokan, bisi kababawa.”
Rarangkén pa-an, dina kecap pamabokan gunana ngawangun kecap barang anu hartina ’nu biasa/tukang...’.
Conto séjénna: pamadatan, panipuan, jeung pasuratan

(6) ”Dina dongéng mah loba anu pamohalan.”
Rarangkén pa-an, dina kecap pamohalan gunana ngawangun kecap sipat anu hartina ’dina kaayaan...’.
Conto séjénna: paculcilan

3. Rarangkén Barung pang-keun
”Cing, pangmawakeun buku ka dieu.”
Rarangkén pang-keun, dina kecap pangmawakeun gunana ngawangun kecap pagawéan (pasip) anu hartina ’supaya ditulungan ngalakukeun pagawéan...’.
Conto séjénna: pangdongéngkeun, pangnyokotkeun

4. Rarangkén Barung pi-eun
Guna jeung harti rarangkén barung pi-eun, di antarana:
(1) Bu Lala rék meuli pibajueun.”
Rarangkén pi-eun, dina kecap pibajueun gunana ngawangun kecap barang anu hartina ’bahan...’.
Conto séjénna: piimaheun, picalanaeun

(2) ”Pa Haji Rozak téh pimitohaeun kuring.”
Rarangkén pi-eun, dina kecap pimitohaeun gunana ngawangun kecap barang anu hartina ’bakal jadi/calon...’.
Conto séjénna: pisalakieun, pidoktereun, jeung pipamajikaneun

(3) ”Nenjo tulangna mah Cép Zaki téh pijangkungeun.”
Rarangkén pi-eun, dina kecap pijangkungeun gunana ngawangun kecap sipat anu hartina ’bakal...’.
Conto séjénna: pialuseun, pigeuliseun, jeung pigedéeun

5. Rarangkén Barung pika-
Pikanyaah ku manéh basa Sunda téh, sabab batur mah biheung teuing aya anu nyaaheun.”
Rarangkén pika-, dina kecap pikanyaah gunana ngawangun kecap pagawéan (pasip) anu hartina ’nitah supaya dikeunaan ku..’.
Conto séjénna: pikacinta, pikareueus

6. Rarangkén Barung pika-eun
”Kuring kakara meunang pikabungaheun.”
Rarangkén pika-eun, dina kecap pikabungaheun gunana ngawangun kecap sipat anu hartina ’nimbulkeun rasa..’.
Conto séjénna: pikasediheun, pikasebeleun, jeung pikareueuseun

7. Rarangkén Barung sa-eun
Guna jeung harti rarangkén barung sa-eun, di antarana:
(1) ”Manéhna ogé satujueun kana rencana urang téh.”
Rarangkén sa-eun, dina kecap satujueun gunana ngawangun kecap pagawéan (aktip) anu hartina ’jalma katilu aya dina kaayaan..’.

(2) ”Néng Siti téh umurna sahandapeun kuring.”
Rarangkén sa-eun, dina kecap sahandapeun gunana ngawangun kecap sipat anu hartina ’kaayaan aya di...’.
Conto séjénna: saluhureun, sagigireun, jeung sahareupeun

(3) ”Kuring ogé rék sajungeun indit, manéh kaburu datang.”
Rarangkén sa-eun, dina kecap sajungeun gunana ngawangun kecap sipat anu hartina ’... pisan’.
Conto séjénna: sapokeun, sahoseun

(4) ”Ari sakalieun dahar mah aya sangu téh.”
Rarangkén sa-eun, dina kecap sakalieun gunana ngawangun kecap sipat anu hartina ’ngan sa- ...’.
Conto séjénna: sakitueun, samobileun

Tidak ada komentar:

Posting Komentar